Allah S.W.T. ngadawuh dina Qur’an Surat Al-Baqarah ayat 155 dugi ka ayat 157:
وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِّنَ الْخَوفْ وَالْجُوعِ وَنَقْصٍ مِّنَ الأَمَوَالِ وَالأنفُسِ وَالثَّمَرَاتِ وَبَشِّرِ الصَّابِرِينَ الَّذِينَ إِذَا أَصَابَتْهُم مُّصِيبَةٌ قَالُواْ إِنَّا لِلّهِ وَإِنَّـا إِلَيْهِ رَاجِعونَ أُولَـئِكَ عَلَيْهِمْ صَلَوَاتٌ مِّن رَّبِّهِمْ وَرَحْمَةٌ وَأُولَـئِكَ هُمُ الْمُهْتَدُونَ . (ألبقرة: 55:157)
”Jeung Saéstuna Kami baris nyoba maranéh ku sarwa saeutik kasieun, kalaparan, kakurangan banda, jiwa jeung bubuahan. Jeung prak bubungah ku manéh (Muhammad) jalma-jalma nu sabar. Nyaéta jalma-jalma anu dina mangsa katibanan musibah ngucapkeun: “Saéstuna abdi sadaya téh kagungan Alloh sareng saéstuna abdi sadaya baris mulang ka Anjeun-Na (Innaa Lillaahi Wa innaa Ilaihi rooji’uun). Nya Maranéhna anu bakal meunang kurnia jeung rahmat ti Pangéranna, jeung nya maranéhna anu baris meunang pituduh”
Sunan Gunung Djati-Bumi pertiwi ngajerit, bangsa reujeung nagara ngocéak, jomantara nalangsa. Kitu kaayaan nagri urang nu dipikacinta Indonésia ayeuna. Ti mimiti musibah urugna gunung nu ngakan korban lain saeutik, nepi ka aya nu teu kapanggih jasadna sabab ka urugan, banjir unggal datang usumna hujan, boh di ibukota nagara, ogé di wewengkon sanésna, ditambah musibah tabrakan kandaraan, kapal murag, kahuruan jeung kéremna kapal laut, jeung sajabana. Acan deui panyakit nu nerekab, kayaning flu burung, Flu Babi, Cikungunyah, jeung panyakit séjénna anu dugi ka ayeuna ngagalaksak nyerang ka sabagian masyarakat di wewengkon nu aya di Indonésia. Jeung sajaba ti éta.
Ieu téh kudu jadi bahan implengeun, bahan tafakuraneun urang saréréa, aya naon dibalik musibah nu geus jeung ayeuna tumiba téh, sabab mun di titénanmah kacida lengkepna musibah di nagri urang téh, ti mimiti darat, laut reujeung udara, boh nu ti alam asalna, pon kitu kénéh musibah nu asalna ti diri manusa sorangan. Naha mémang ieu téh musibah, atawa hukuman, atawa mémang ieu téh pangéling-ngéling ti Pangéran atawa naon ? mangga patarosan-patarosan ieu téh urang jawab ku manah urang masing-masing. Aya naon dibalik musibah nu lumangsung téh. Sabab teu pati-pati Alloh nibankeun hiji katangtuan pami dilebetna teu ngandung hiji i’tibar, hiji implengeun kanggé urang saréréa. Kukituna lebah dieu pisan urang kudu boga pamadegan dibarung ku Husnudz-dzon (Hadé sangka) ka Alloh S.W.T. yén sagala kajadian nu lumangsung pasti aya hikmahna, aya i’tibar nu kudu jadi cecekelan pikeun kahareupna ogé kudu ayana évaluasi, muhasabah diri sangkan jadi eunteung tincakeun léngkah kahirupan mangsa nu bakal datang.
Mun seug dititenan karusakan nu lumangsung di ieu alam dunya, éta kabéh téh kalolobaannamah hasil laku lampah manusa sorangan.hal ieu geus ditandeskeun ti béh ditu mula ku dawuhan Alloh kalan méré iber ku ayat-ayat-Na. Ngan ! nu janten pasualan kadangkala manusa sorangan nu teu boga rasa rumasa, loba jalma nu mentingkeun kepentingan pribadi tanpa mikirkeun akibat ka balaréa, loba kénéh para pamingpin di ieu alam dunya, khususna di nagri urang Indonésia nu ayeuna nyekel kakawasaan nu teu boga rasa ras-rasan, jeung rasa kamanusaan, nepi ka loba nu katalangsara ku akibat olah perbuatanana. Nu sakedahna janten ais pangampih nu ngaropéa, ngariksa, ngajaga tur ngadama-ngadama, mikaasih ka nu leutik mikanyaah ka nu lemah, malah nyalah gunakeun kakawasaanana pikeun kapentingan pribadina. nepi ka rahayat nu katalangsara. Tah kamungkinan gedé ku hal ieu pisan, jadi margalantaran turunna panggéuing ti Alloh Swt. ku lungsurna mangpirang-pirang musibah nu ayeuna-ayeuna karaos reujeung katingali ku urang sadaya. Tapi sanajan bari kitu urang sadaya tetep ulah petot-petot ngadu’a, mugia musibah anu ditibankeun ka nagri sareng bangsa urang sanés hukuman atanapi adzab ti Alloh, tapi mugia ieu téh mangrupakeun ujian atanapi cocoba pikeun ningkatna darajat kaislaman reujeung kaimanan urang ka Mantenna.
Ayeuna, Cing urang taros ka diri urang masing-masing, naon nu geus dipelak ti kawit urang hideng nepi ka wangkid kiwari, naha lampah ibadah ? naha lampah salah ?, naha amal Sholéh ? naha amal salah ?, naha laku ta’at ? naha laku ma’shiyat ?. dimana urang ngagaduhan ka lungguhan salaku pamingpin, naha tos kalebet pamingpin nu adil, nu rapékan, nu nyaahan, nu deudeuhan, nu welasan nu asihan, tur ngabela ka nu lemah, atanapi sabalikna ? pamingpin nu teu amanah. Ogé mun seug urang jadi pupuhu di kulawarga, naha urang tos janten hiji sepuh nu ngalaksanakeun hak-hak kulawarga naha teu acan ? mun seug urang salaku rahayat, naha urang tos janten rahayat nu nurut, taat ka pamingpin naha sabalikna ?. tah mangga jadikeun ieu minangka muhasabah urang, sabab pangéling-ngéling Alloh pasti lumungsur di mana hambana nu tos ngaku iman ka Manten-Na méngpar tina aturan-aturan nu parantos diguratkeun ku Manten-Na, kitu kénéh musibah/ujian pasti lungsurna, nu hal ieu téh minangka alat ukur Manten-Na dina ngangkat harkat darajat hiji hamba di payuneuna-Na. Iman sajeungkal, maka ujianana bakal sajeungkal, imanna sadeupa, maka ujianana bakal sadeupa. jadi ujian téh resiko nu bakal katarima pikeun manusa nu geus ngaku iman nu ngaku islam, tur ujian éta téh bakal diluyukeun reujueng kamampuhan hamba nu narimana. tegesna, Alloh dina nibankeun ujian téh bakal diluyukeun reujeung kamampuan hamba nu bakal narimana …..لاَ يُكَلِّفُ اللّهُ نَفْساً إِلاَّ وُسْعَهَا لَهَا مَا كَسَبَتْ وَعَلَيْهَا مَا اكْتَسَبَتْ (al-Baqarah: 286).
Dawuhan Alloh dina Q.S. al-Baqarah ayat 155, dipertélakeun yen nu bakal meunang pangbubungah dimana ditibabanan musibah téh nyaéta jalma nu ’sabar’ nu mulangkeun sadayana ka Allah ku ucapan إِنَّا لِلّهِ وَإِنَّـا إِلَيْهِ رَاجِعونَ . ieu konsép kahirupan dina mayunan hiji musibah, yen wung ku sabar urang bakal meunang kabungahan nu mangrupakeun jangji Alloh dimana urang ditibanan hiji musibah, tur urang mulangkeun sadayana ka Allah, da hakékatnamah urang téh milik Alloh, urang bakal mulang ka Alloh ” Laa haula wa laa quwwata Illaa billaahil ‘Aliyyil ‘Adziim”
Ngan nu kedah janten émutan téh aya dawuhan Rosululloh S.A.W. nu kacutat dina Kitab “Minhajul Muta’alimin” :
“Ari Tanda-tanda karusakan/kacilakaan/kaancuran téh aya opat perkara). Nu Kahiji, Pohona kana dosa-dosa nu geus dilakukeun, padahal sakabéh dosa dicatet mungguhing Alloh); Nu kadua, Nyebut-nyebut kahadéan nu geus dilakukeun sok padahal éta amal téh acan puguh ditarima atawa ditolak ku Alloh; Nu katilu, Ningali bari ajrih tur nganggap unggul ka hiji jalma dina soal kadunyaan, jeung nu kaopat, nganggap lemah/hina/rendah ngalelece, nyawad ngantegan, ngagokan jeung sajabana ka jalma dina masalah Agama). Maka Alloh swt. ngadawuh: Kaula miharep manéhna, tapi maranéhna teu miharep kaula, maka ku kaula hamo dipalire tegesna ku Kula bakal ditinggalkeun”
Sareng dina Hadits sanésna Kanjeng Nabi Muhammad saw Ngadawuh deui: