Sunan Gunung Djati-Keur anu sok rajeun maca leuit ajaran tasaup mah ngaran al-Hallaj teh geus teu bireuk deui. Hiji supi nenggang taya babandingana anu rela nandangan pati demi bebela kana pamadegan anu dianggapna bener anu diwadahan ku istilah hulul tea. Hiji konsep anu nandeskeun aworna hubungan Pengeran jeung hambana.
Ceung sakaol mah dieksekusina al-Hallaj teh lain pedah ajaran-ajarana teuing, tapi lantaran alesan pulitis sok pedah al-Hallaj dalit jeung wong cilik (kaom koromithoh).
Malah inyana anu matwakeun haramna naek haji mun seg di wewengkon eta masih pabalatak jalma malarat. Padahal harita nagara jeung deuih dirojong ku kaom pukoha justru keur ngahagetkeun program haji anu pamustunganana mah pikeun ngaronjatkeun devisa.
Nya al-Hallaj pisan anu mupuhuan ngahudangkeun wawanen rahayat sangkan ngagugat hak-hakna anu ditandasa ku panguasa.Geus tangtu para pangagung harita gimir kana pangaruh al-Hallaj. Nya antukna nyieun reka perdaya. Nyangkalak ku cara nyebarkeun fitnah. Pajar teh al-Hallaj jalma sasab anu bisa ngabahayakeun akidah. Antukna, sakumaha anu geus pada apal, al-Hallaj dijagrageun ka pangadilan. Divonis ajarana mikung. Digantung di tengah alun-alun. Ngan Sibli, sobat dalitna harita anu bisa ngarampa sumerah jeung suka bungahna al-Hallaj mapag Pangeran anu dipicangcamna.
Nya al-Hallaj ieu anu di tanah Jawa mah ngajirim jadi Syekh Siti Jennar. Sarua anjeuna oge kudu ngalaman dicangkalak ku para wali. Ajaran manunggaling kawulo Gustina dianggap bisa ngabahayakeun patekadan jalma.
Di tatar Sunda mah anu ngahirib-hirib ka al-Hallaj teh nya taya lian Haji Hasan Mustapa (HHM) sakumaha kakobet tina sawatara guguritana. Ngan anjeuna mah nasibna hade henteu tepi ka kudu dijagrageun ka Pangadilan malah anjeuna nyalira anu kapapancenan jadi panghulu (hoofd) di wewengkon Bandung salami 23 taun. Malah lain wae panghulu di Bandung samemehna pernah jadi hoofd di Aceh salila dua taun direkomendasikeun ku sobatna Snouck Hurgronye anu harita jadi penasehat pamarentah Walanda dina widang kaagamaan.
Sok sanajan kitu loba masarakat anu teu satuhu nganggap HHM oge mikung. Anjeuna mah cekap nyanggem rehna elmuna can kataekan. Kiwari tacan arusum/Nepi kana pamake kami
Heulaanan kuring mundur deui Tacan tega ka barudak urang Basana serab pangilo Sapedah kula kitu Matak risi nu sisip budi Budi daya kula Geus tepi ka kitu Dongkap ka masyaallohna Kajen teuing hararemeng galih Moal matak doraka
Yu urang lenyepan sawatara implengan al-Hallah ngenaan hululna Gusti jeung hambana. Pokna: jisim abdi nu lumaku, indit bari mawa gusti, gusti nu miwarang kula, kulana indit walari, da mawa anu miwarangna, nepi ka mana mendi. Ka mana mendi ge kitu, can bijil wangsit nabi, hu innalloha maana, nya gusti bareng jeung abdi, karek enya jeung rasana, titi surti ati-ati.
Dina Aji Saka I no. 77 mah diserat, “Alloh mah euweuh, bongan aya dewek”. Malah apan dina hiji seratan mah mun teu ati-ati matak ginggiapeun anu macana. Saurna:
Nu matak ka-Adam-an ka-Alloh-an ka-Muhammad-an eta teh ceuk pangrasa anu boga rasa; lain Adam lain Muhammad lain Alloh ieu mah ceuk anu teu boga rasa. Bahasan di kamajajian; Alloh the Gustining Muhammad. Demi Muhammad Gustining Adam. Babasan di ka-hakekian: Adam Gustining Muhammad, demi Muhammad Gustining Alloh, tegesna Adam sembaheun Muhammad, Muhammad sembaheun Alloh.