Mohon tunggu...
Rizki Sanjaya Masbox
Rizki Sanjaya Masbox Mohon Tunggu... Full Time Blogger - Seorang manusia yang mengagungkan Persib setelah Allah juga Muhammad.

Selanjutnya

Tutup

Fiksiana

Gobang Keur Rahayat Leutik

11 Desember 2015   03:39 Diperbarui: 8 Desember 2020   13:01 225
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

“Trang-trang koléntrang, si londok paéh nundutan, tikusruk kana durukan, mesat gobang kabuyutan” rumpaka lagu trang-trang koléntrang mangrupa kakawihan kaulinan barudak. Disebut kakawihan barudak sotéh, da kantos maca basa baheula nyuprih élmu di sakola dasar. Najan kaasupna kakawihan barudak, geuning eusina mah lain keur barudak-barudak teuing.

Dina rumpaka kakawihan éta, aya kecap “gobang” anu hartina “bedog panjang”. Bedog bisa dihartikeun alat pikeun buméla diri. Bisa ogé disebut simbol perlawanan. Sedengkeun makna “trang-trang koléntrang” bisa dianalogikeun sora gobang nu keur diadu.

Dina Tribun Jabar dinten Salasa 22 Séptémber 2015, aya hiji carpon anu judulna sarua jeung kakawihan barudak di luhur. Antawis kawih jeung carpon tangtos waé bénten. Carpon mangrupa karya fiksi anu kandelna di handapeun novel jeung novellet. Sedengkeun kakawihan mangrupa hiji ungkara anu dilisankeun tina rumpaka tulisan.

Matak dijudulan kitu ogé, geuning eusi tina carpon ieu mangrupa hiji usaha tina sababaraha golongan masarakat anu boga kereteg hayang ngaleungitkeun hiji proyék anu disebut seni ngaruksak alam téa ceuk nu nyieun carponna.

Dina hiji karya sastra, pangarang kudu bisa manggihan kabeungharan masarakat, tuluy dijieun hiji karya anu bisa dibaca ku balaréa. Tapi aya ogé karya anu mikeun kabébasan ka sakumna nu maca pikeun meunteun jeung neuleuman hiji karya nu geus aya (Ratna, 2012: 333-334). Tokoh “kuring” dina carita ieu boga pagawéan jadi tukang gali keusik. Patukang tonggong pisan jeung pagawéan alona anu nyuprih élmu di hiji paguron luhur, anu bébéakan ngiritik kana proyék galian keusik éta. Balik deui ka “kuring”, dina carita ieu, teu disebutkeun lamun “kuring” téh --dina cariosan langsung-- muji atawa henteu kana laku lampah alona. Mindengna mah di jero haté baé. Upamana basa “kuring” boga rasa kamelang nalika seratan alona dimuat di koran Latar Cianjur, kaharti pisan lamun seratan éta téh keur kapentingan rahayat leutik siga manéhna kénéh.

Dina (Faruk, 2014: 160) dijelaskeun réhna hiji karya sastra téh tara leupas tina fakta kamanusaan. Manusa bakal ngabiasakeun kaayaan di sakurilingna jeung naon nu aya dina akal pikiranana “asimilasi”. Tapi, lamun kaayaan éta nampik atawa teu bisa disaluyukeun jeung akal pikiranana, manusa bakal néangan jalan anyar, jadi nyaluyukeun akal pikiranana jeung kaayaan di sakurilingna “akomodasi”. Dina carita ieu, loba pisan nyaritakeun aksi-aksi nu diayakeun ku masarakat dina urusan galian keusik. Pangna bisa kitu, apan proyék galian keusik téh ngadukung kana ruksakna kaayaan lingkungan. Geus teu anéh lamun tangkal dituaran mah, antukna nepi ka mindeng pisan usum halodo panjang.

Aya hiji paguneman anu nyimpulkeun lamun galian keusik éta kudu ditutup. Carana ku ngahalangan jalan anu biasa diliwatan treuk, ku cara nyieun perboden. Cara ieu dilakonan, sabab kaayaan sakurilingna teu ngadukung jeung kabiasaan anu biasana dilakonan ku masarakat. Ku sabab kitu, akomodasi dina carita ieu kaciri pisan. Salasahiji alesan pangna rahayat bisa kageuing téh, nyaéta dimimitian ku tokoh “alo” dina carita ieu. Tulisan anu dimuat di Latar Cianjur, dipisadar atawa henteu, geus ngahudangkeun rasa ambek ti masarakat anu salila ieu ngan bisa cicing narimakeun kaayaan. Apan ceuk “kuring” gé, “Da kumaha deui ari hirup jadi jalma leutik mah. Ka ditu ka dieu téh kumaha nu boga kawasa baé”.

Katingalna mah tempat nu dicaritakeun dina carpon Trang-Trang Koléntrang téh nyaritakeun Cianjur pisan. Di carpon ieu, Rijal mamawa Latar Cianjur jeung Unci. Ari Latar Cianjur mah geus sidik salasahiji média anu mamawa kecap Cianjur, palebah nyebat Unci, bisa waé mangrupa singketan ti Universitas Cianjur. Apan ari karya fiksi mah bébas, asal teu ngiklankeun mah. Tapi karya-karya Joehana baheula mindeng pisan nyebut-nyebut mérk barang jeung ngaran tempat anu bener ayana dina kanyataan?

Dina carpon ieu kaciri pisan lamun kaayaan nu dicaritakeunana nyaéta kaayaan anu nempatkeun rahayat leutik jadi buburuh di hiji tempat anu dipaké ladang keusik téa. Kitu sotéh da “kuring” dina carita ieu nyampeurkeun ka imahna Juragan Anom, niatna nyokot honor hasil kjaga mesin kompayer. Nepi di imah Juragan Anom, “kuring” ngadon ditanyaan sababaraha hal ngeunaan alo. Tokoh “kuring” dina éta carita aya dina tempat anu ka dieu salah ka ditu salah. Dék nyarék da ka alona --ti leuleutik di asuh ku “kuring”, mulang tarima ka Étéh nu ngurus “kuring” sabada Ema jeung Bapa tilar dunya-- dék ngantep da dék dikukumahakeun gé éta téh tempat manéhna nyiar pacabakan keur ngahirupan anak jeung pamajikan. Ibarat bonténg ngalawan kadu, antukna “kuring” dina carita ieu ngan bisa cicing narimakeun kaayaan. Najan jero haté mah sadar lamun naon nu digawéan ku alona mangrupa “salasahiji usaha buméla kana hal anu bener keur masarakat leutik”.

***

“Kaharti pisan ari ruksakna alam teh ku lantaran leungeun manusa kéneh. Manusa anu teu tanggungjawab kana laku lampahna. Manusa anu poho ti mana kasang tukang maranéhanana” Kacang poho ka lanjaran téa.

 Rizki Sanjaya, Sastra Sunda Unpad

Jatinangor, 27 Séptémber 2015

Dimuat di Tribun Jabar, 10 Oktober 2015

Mohon tunggu...

Lihat Konten Fiksiana Selengkapnya
Lihat Fiksiana Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun