Mohon tunggu...
Rifki Feriandi
Rifki Feriandi Mohon Tunggu... Relawan - Open minded, easy going,

telat daki.... telat jalan-jalan.... tapi enjoy the life sajah...

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

Niti Wanci Kamari, Nincak Mangsa Katukang (Carbung Sunda)

3 Juli 2012   11:31 Diperbarui: 25 Juni 2015   03:19 249
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Cerpen. Sumber ilustrasi: Unsplash

“Euh. Dasar aing mah. Kabiasaan ari geus teu bisa sare teh sok kieu.  Pitunduheun geus aya ti sareureuh budak keneh. Enya, kuduna mah jam sakitu teh mangsa barudak nu kuduna reureuh, ari ieu gening kuring nu lain budak oge ngiluan tunduh. Wanci tumoke tadi ge geus kaliwat. Aing masih keneh guling gasahan”, cek kuring na jero hate.

“Naha mending hudang wae kitu? Lalajo mengbal?”

“Alah. Rek lalajo di mana, tipi ge teu boga. Kuduna mah wanci sareureuh kolot ieu teh lain lalajo mengbal. Mending ge “urang lalajo wayang …Yuk, di Cigereleng….dalangna kajojo pisan ..hey gede …bendona.”.  Gelo!!!

Ngan rejeki mah teu rek mana. Teuing kumaha, tungtungna les weh kuring sare. Dua wanci peuting kaliwat. Ti wanci lalaki ngaharewos indung-indungan ka pamajikana, (ehm salah!! maksudna mah wanci indung peuting, jam sabelasan) nepi ka wanci tengah peuting, kuring ujug-ujug teu inget di bumi alam “darma wawayangan bae, raga taya pangawasa…”. Nu biasana tengah peuting keur jemplang jempling kuring nyaring da teu geunah cicing. Hayang ngising ngan sieun ku anjing, kapaksa neangan piring. Untung we teu nyaring tengah peuting teh, jadi teu nimu “odading”. Wuekkk….. Alhamdulillah, meureun ieu teh alpukahna babacaan memeh sare didikan Apa jeung Mama Haji. Harita Mama Haji pan pernah nyanggem kieu: “Ulah ngitung embe lulumpatan ajul-ajulan di langit atuh ari hayang geura sare mah. Anggur maca Qulhu-Palak-Binas tilu kali ditungtungan ku ayat Kursi, Jang!!”.

Nincak wanci hansip ngintip, (euh hampura, maksudna mah wanci tumorek jam hiji subuh), korejat kuring hudang. Kamar poek mongkleng buta rata, teu kadeuleu curuk-curuk acan. Di luar sepi jempling jiga gaang katincak. Angin tiis norobos tina liang panto. Kuduna mah tiris, ngan awak asa hareudang.  Karasa ayeuna punduk jiga jibrug. Ambekan renghap ranjug.

“Astaghfirullah. Naha ngimpi teh meni sieun kieu?”.

Kabayang deui dina ngimpi tadi dua jelema – awewe jeung lalaki – make layon bodas ngapung di sagigireun, basa kuring ngaliwat ka Astana Anyar. Teuning keu naon kuring ngaliwat ke eta astana. Ngaranna ge ngimpi. Ngan ku sieun-sieun teuing, kuring lumpat sataker kebek, nepi ka titajong. Gudubrag!! Labuh. Ari hudang alatan ngarasa labuh dina impian tea geuning, karasa nyeri nu pang nyeri-nyerina, lin?

Ambekan karasa rada lumayan ayeuna mah.

Di luar, di tukangeun hordeng kaciri aya cahaya ipis. Meureun bohlam imah-imah kontrakan gigireun geus hurung deui. Kontrakan kuring mah tetep we poek, da geus tilu bulan can mayar.

Na teu pupuguh teuing, hiuk angin nampiling ti beulah kenca. Kuring langsung ngalieuk. Urut tampilingan angin teh karasa tiis. Bulu punduk jadi muringkak. Lieuk deui kuring ka lebah panto. Sidik panto jeung jandela nutup. Aneh. Ti mana datangna eta angin. Di luar kadenge anjing Om Frans, tatangga kuring, keur gagaungan ti kajauhan. Beuki keueung karasana.  Kuring babacaan sabisa-bisa. Ieu jadi peuting kadua kuring ngarasa keueung di ieu imah kontrakan dua satengah ka opat meter. Panon kuring ditutup deui, ngan rada meletet. Sieun. Khusu’ kuring babacaan, palak-binas nepi ka ayat kursi. Ngan tetep we karasa asa jiga aya nu keur nyidik-nyidik kuring.

Kuring maksakeun maneh. Panon kuring dipeletet-peletetkeun. Rohangan tempat kuring sare, ngahiji jeung rohangan tamu  – teu make korsi, ngalas ditilaman ku karpet butut pamere uwa, masih keneh poek, najan teu jiga sapoek tadi. Ayeuna mah hordeng di jandela teh rada kaciri, dicaangan saeutik ku bohlam kontrakan sabeulah.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun