Mohon tunggu...
Rifki Feriandi
Rifki Feriandi Mohon Tunggu... Relawan - Open minded, easy going,

telat daki.... telat jalan-jalan.... tapi enjoy the life sajah...

Selanjutnya

Tutup

Puisi

Neng Iti, Dik Siti, Nyi Uti (Saukur Carita Pondok)

22 Februari 2011   06:00 Diperbarui: 26 Juni 2015   08:23 440
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

#memperingati hari berbahasa ibu yang jatuh tanggal 21 februari

Mangtaun-taun ngabujang, karek ayeuna handeueulna teu langsung kawin jeung si Eha. Gara-garana loba teuing ‘pertimbangan’ kuringna, jadi we direbut batur. Leuwih nyeri karasana, sabab ‘batur’ di dieu teh nya sobat dalit kuring, Somad.

Enya eta ge heueuh hirup nyorangan teh karasa hampang, teu beurat. Rek indit ka mana-mana ge teu ripuh, teu kudu mikiran saha nu ngilu – anak pamajikan. Rek ka ditu jug, rek ka die jig, ka sabrang ka Palembang kuma karep kuring. Mabur jiga manuk meber jangjang. Hirup nyorangan ge karasa “ekonomis”, teu kudu ngaluarkan banda nu gede, cukup jang saukur saurangeun wae. Mun keur usum kantong kempes, gampang atuh jadi bujangan mah. Ngeclok ka warung ieu, nginjem ka warung itu. Teu kudu era, da jadi bujangan ieu.

Ngan orokaya, hirup nyorangan teh sok karasa ripuh oge ketah. Nanaon kudu digawe ku sorangan. Nyeuseuh-nyetrika ku sorangan wae. Mun karasa keur haroream mah, sok ngahaja nyeuseuh-nyatrika disaminggukeun. Liwat ti saminggu, kapaksa we make baju – komo calana jero mah – side A side B.

Nincak malem Minggu karasa leuwih nyeri. Nyileuk we nyorangan. Nyeta sok kabayang popotongan uing, Nyi Eha nu keur ocon jeung salakina – Somad. Komo dina usun tiris kieu mah, jigana teh uplek di kamarna duaan. Teu kudu diomongkeun urusan nu aya di palangkakan mah bisi kasebut porno. Ari kuring, unggal peuting nyorangan wae, ukur guguling nu digugulung. Panon molotot teu bisa sare, euweuh nu ngelus sirah. Mun keukeuh teu bisa sare, pikiran ngalayang ka mana-mana, breh we deukeut ka nu disebut fantasi. Astaghfirullah.

Ayeuna ieu kuring di nagri batur, nyingkur beh wetanneun Palembang. Teu ngahaja teu sing nyiar kipayah sakitu jauhna. Ngan ukur nuturkeun indung suku, kamana jung nya eta nu di tuju. Nu disebut nyingkur teh bener nyingkur, sapetak imah nu dikontrak rada anggang ka ditu ka dieu. Di dieu pisan ayeuna kuring nambru teu walakaya, na dipan dikasuran nu ipis kapukna.

Matak naon atuh baheula teh Ema jeung Abah teh maksakeun kuring kawin ka Neng Iti, tilu taun liwat ti kawinna Si Eha. Kuring moal jiga kieu ayeuna. Dasar kuring lalaki balaga deuih harita make jeung nembal:
‘Ema teh pami ngajodokeun abdi, cing atuh pilarian nu rada geulis meueusan. Jeung eta deuih, namina meni Iti. Kumaha engke mun diheureuykeun babaturan, malah ditambah-tambahan sahurup ditukang’.
‘Astaghfirullah. Na ari maneh Ujang, ngomong teh teu dipikir heula” cek Ema, paromanna pias.
“Neng Iti teh nu sakitu binangkitna. Bageur tur soleh. Nya heug. Kumaha nyaneh wae. Ulah kaduhung engke jaga, tina alatan omongan maneh nu sompral teu dipikir heula’, saur Ema cirambayan.

Meureun ieu kitu supata ti Ema, ngabujang terus nepi ka kolot. Naha sangsara ayeuna taya nu ngariksa diri nu keur parna ku kasakit teh alatan Ema nyurucud cisoca. Boa-boa bener cisoca indung nu peurih batin disakseni ku Gusti.

Duh hapunten Ema, kuring ngaraheutkeun manah Ema kapungkur. Mun aya keneh dikieuna, Ema tangtos aya digigireun. Kuring nyeri huntu, Ema ngarendos bawang bodas, ditamplokkeun na salempay, dibeungkeutkeun na leungeun kenca. Kuring gering panas, Ema bongkar lomari ngaluarkeun anduk leutik Good Morning nu geus ipis, dikeueum saheulaanan dina cai panas, terus dikompreskeun. Kuring ngagibrig panas tiris, Ema bulen sabadan-badan kuring ku simbut belang-belang poleng bodas hideung. Ayeuna saha atuh nu kersa ngariksa Ujang.

Ripuh. Umur opat puluh, nyorang hirup nyorangan, nyaba jauh meuntas sagara, karasa bener tunggara pisan. Jeung ieu deuih, panyakit anyar teh bet teu puguh-puguh mucunghul. Dipiheulaan ku lieur jiga tungkeb bumi alam, maralik sakabeh nu aya di hareupeun. Luhur jadi handap, handap jadi luhur. Ngagoleang awak ka kenca ka katuhu lir ibarat parahu dioyagkeun ombak. Lenglengan karasana. Hayang ongkek tapi weleh teu bisa. Eta nu disebut Vertigo cenah.

Asa jiga jurig Vertigo teh, datang teu katingal tarang, mulang teu katempo punduk. Teu puguh alatan naon panyakit teh datang, ujug-ujug leungit we teu pupuguh.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
Mohon tunggu...

Lihat Konten Puisi Selengkapnya
Lihat Puisi Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun