Mohon tunggu...
Rifki Feriandi
Rifki Feriandi Mohon Tunggu... Relawan - Open minded, easy going,

telat daki.... telat jalan-jalan.... tapi enjoy the life sajah...

Selanjutnya

Tutup

Puisi

Cover Boy Gagal (Carita Sunda)

19 April 2011   11:29 Diperbarui: 26 Juni 2015   06:38 249
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

'Nalipak maneh atuh euy. Kudu ngaragap awak. Teu pantes maneh mah
kalah kumaha ge'.

Ngangres jeung ngabatin hate teh mun mikiran eta kalimah. Asa ku nyeri
teuing dikitukeun ku sobat dalit ti leuleutik. Enya ngarti kuring ge,
si Omon teh pan si Omon, nu ngomong sakarep maneh, teu pati dipikir,
komo mikirkeun batur nu diomongkeunana teh nyeri hate atawa henteu.
Paduli teuing jigana jang manehna mah.

Kalimah eta sababaraha kali diucapkeun si Omon ka uing. Lain sakali
wae. Jeung lain ngomong ka kuring sa eun, ieu mah sakapeung ngomongna
teh di hareupeun jalma loba. Teu nempo si jurig teh lamun beungeut
kuring geus beureum asak bakating ku era jeung nyedek piambekeun.
Sarimbag meureun harita mah beungeut kuring teh jeung anakna Wa Semar.
Sumuhun kulan, sim abdi teh Cepot - meni kudu dijentrekeun wae.

Ngan mun ayeuna dipikir-pikir, teu salah si Omon ngomong kitu. Atuda
kuringna deuih teu gableg pikir.

Cenah di esempe teh hayang jadi pamaen inti basket.
'Teu nalipak maneh, maneh mah, geus beke teh budayut deui. Moal kapilem. Moal'.
Cenah di esema teh hayang jadi anggota Paskibra.
'Teu nalipak maneh, kaseeeep. Paskibra mah itu tuh jiga Dendi, awak
alus, jangkung, kasep, beungeut beresih, bodas, ngota. Ngaranna wae
Dendi. Kuring wae lalaki, bogoh mun bisa mah. Euweuh sajarahna
Paskibra hideung, cungkring kieu jiga maneh'.
Cenah waktu nincak tujuhlas taun, hayang jadi model iklan atawa cover
boy, jiga na majalah Mode tea. Terus kuring dipoto ngagaya di Yonas,
dipoto nyangigir tea gening, nu keur jadi mode harita teh nepi ka
kabeh budak esema boga poto dipiguraan dina latar tukang coklat pulas.
Celengkeung teh si Omon ngagoak 'Uned!!! Moal aya euy cover boy hunidu
kitu. Nalipak maneh atuh euy'.
H U N I D U. Huntu. Ningali. Dunya. 'Gelo siah Omon!!! Na kuring salah
naon ka sia teh, nepi ka kitu pisan ngahina teh. Kieu-kieu oge kuring
boga harga diri. Ulah kabur siah, juriiiig'. Ngan teu ebat ngudag si
Omon teh, kaburu ramo kuring nyagap biwir. Aeh, heueuh. Gening hunidu
uing teh.

#########

Mobil jazz hideung masih kaciri weuteuh eureun di hareupeun sakola.
Barudak nu biasa ngariung handapeun tangkal kiara ayeuna mah teuing
pada ka mana. Pakansi meureun ka dayeuh. Meunang kabagjaan meureun
karek minggu kamari samen. Sanggeus markirkeun mobil di handapeun
kiara, jrut hiji lalaki turun.

Tilu tukang ojeg pada ngalalieuk ka manehanana. Olohok ka lebah lalaki
eta. Sanajan sarua lalaki ge, kumaha teu olohok nempo aya lalaki
ginding ka kampung nyingkur make mobil alus. Teuing kunaon, lalaki eta
teh ngeunah ditempo, 'enak dipandang' istilahna mah. Jangkungna teu
beda ti jangkungna urang dieu. Kulitna teu bodas, ngan oge teu
hideung. Santen, nyari. Meureun ieu nu disebut 'tan' meureun. Awakna
tegep, cangkengna leutik. Lebah dada ngalegaan, bidang meureun.
Taktakna cangker. Leungeunna kaciri gurat uratna, jigana mah urut gawe
beurat, jadi buruh manggul - eh, maenya nya, buruh manggul gandang
kitu. Eta mah hasil tina pitnes atuh.

Jeung eta deui ieu lalaki teh, meni alus pisan dangdananna. Jiga awak
sampayaneun. Sapatu mencos. Bodas, beresih. Calana nyelepet ku
licinan, meni jiga peso karek diasah. Jigana teh kaenna teh ngeunah
pisan dipakena. Ragrag. Euweuh tapak rikes. Pas dina cangkeng, calana
abu-abu na dibeungkeut beubeur nu sarua alusna. Kaluhurna make kameja
sereg di awak. Body fit meureun nya, nepi kaciri alus awakna. Kameja
kotak-kotak, latar tukang bodas saheab, leungeun panjangna digulung
nepi siku, dicangreud ku tali dikancingan. Body fit oge leungenna teh,
nepi ka kaciri mereketet.

Nu pang alusna mah beungeutna. Ginding jeung gandang. Panonna make
kaca panon hideung. Lain cengdem ieu mah, senceng adem. Ieu mah kaca
panon nu aya dina iklan toko kaca panon tea. Merekan. Halisna ngajeler
paeh, ngan keukeuh alus keneh jang lalaki. Irungna mancung. Gadona
rada mencos tapi kaciri kuat. Godeg teu leubeut teuing, ngan pantes
pisan nembongkeun kalalakian. Biwirna teu pati beureum, ngan teu
hideung. Beureum mah jang awewe, teu nyari aya lalaki biwirna beureum.
Buukna hideung semu beureum saeutik, dimodel jucungkeun. Asa jiga si
kuncung sakapeung mah, ngan ieu mah jauh gindingna teh. Naon cenah
disebutna teh, spike.

Teuing kunaon, tilu tukang ojek teh ngan ukur colohok jiga nu bogoh.
Boa-boa geus jadi homo. Ngan nempo si lalaki eta datang ngadeukeutan,
mmaranehna karek sadar - mun teu kitu bisa jadi kawas kisah Nabi Yusuf
versi gay.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
Mohon tunggu...

Lihat Konten Puisi Selengkapnya
Lihat Puisi Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun