Apan ganti ngaran téh ceuk kuring mah hiji hal nu ekstrim. Mun ninggang di jelma gé sarua riweuhna. Dina lalaku tradisi, jelma nu rék ganti ngaran kudu ngabubur bodas jeung bubur beureun. Dina aturan moderen, jalma nu rék ganti ngaran kudu nepi ka pengadilan. Biasana alesan ganti ngaran téh lantaran hayang ninggalkeun nu goréng tina ngaran saacana tur nyorang kahadéan ku ngaran nu anyar. Tah, nyorang kahadéan téh kapan kudu diikhtiaran da moal ujug-ujug hadé pédah ganti ngarah jadi Galuh. Artina, kudu diikhtiaran, kudu dijieun sistem, regulasina, jeung programna sangkan nu garoréng basa jaman Ciamis moal aya deui di jaman Galuh mah.
Lamun masrahkeuna kana kasoléhan séwang-séwangan tapi sistem jeung régulasina anggér, asa pamohalan bakal aya perobahan. Ké téh anggaran ganti ngaran kalah jadi bancakan babadog wé.
Lian ti ngaganti tradisi korupsi ku shodaqoh, leuwih hadé mun ganti ngaran téh dibarengan ku ayana program pamaréntah pikeun ngaronjatkeun karaharjaan kumna masyarakat Tatar Galuh. Karaharjaan di dieu maksudna dina widang anu lega, lain ukur babagi raharja waragadna wungkul. Programna ulah nu kungsi aya, tapi nu anyar, nu leuwih matih jeung anti korupsi.
Mun teu kitu-kitu acan, atuh naon hadéna ngaganti ngaran? “Lagu lama kasét baru” atuh.
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana
Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI