Mohon tunggu...
Pairuss Nabihaa
Pairuss Nabihaa Mohon Tunggu... Pelajar Sekolah - Pelajar

Saya Suka Makan Buah Strawberry

Selanjutnya

Tutup

Ilmu Sosbud

Seureuh Ubar Kampung Urang Sunda

7 Maret 2024   10:10 Diperbarui: 7 Maret 2024   10:19 55
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Ilmu Sosbud dan Agama. Sumber ilustrasi: PEXELS

Nepi ka kiwari daun seureuh mindeng dipake ubar kampung atawa tradisionalpangpangna di pakampungan anu jauh keneh ka tempat praktek dokterLamun seureuh dipakeubarbiasana sok dicampuranku bahan bahan sejenna, kayaning apu, uyah, gula beureumjeruk nipis jeung nu lain lainna deui. Ku lantaran resepna asalna ti pakampungan, biasana ubar tradisional model kieu teh sok disebut ubar kampung

Urang Sunda geus ti baheula wawuh jeung serureh (piper betle)Seureuh teh aya rupa rupa, nya tea seureuh Jawa, rupana hideung sarta leuwih lada; seureuh nu rada beureum uratna, ngaranna tikuhurjeung seureuh nu hejo uratna.

Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipake nyeupah jeung dipake ubarSanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya keneh dijarualan di tukang rampe.

Seureuh bisa dimangpaatkeun atahna, oge bisa diolah heula jadi minyak. Lamun aya nu raheutbisa dibalurak ku minyak seureuh atawa bisa oge daun seureuhna dirieus, dicampuran apu saeutik, tuluy ditaplokkeun ka nu raheutna.

Pikeun ubar nyeri panon, seuruhna sabada dikumbah beresih, tuluy digelang ditinyuh ku ciatah. Eta cai seureuh teh dipake meresihan panon nu nyeri tea. Pikeun ubar batuk, daun seureuhna dirieus dicampuran apu, tuluy dibalurkeun akana beuheung. Anu nyeri dada oge bisa diubaran ku seureuh nu meunang ngarieus kira kira lima lambar, dicampuran ku minyak

hades, apu, cai jeruk nipis, kina tipung, jeung bawang beureum sapotong. Seureuh matak kuat kana huntu. Ku kituna, nu sok rajin nyeupah mah langka anu nyeri huntu. Jadi, pangaruhna gede pisan. Dina iklan odol (pasta gigi) aya anu make daun Seureuh minangka salahiji bahanna. Kitu deuhi seureuh sok dipake paranti kekemu (obat kumur). Lian

ti eta, nu bau baham oge bisa dikurangan ku seureuh, ku cara meuweung salambar atawa dua

lambar seureuh. Mun bisa mah seureuh nu dibeuweung tadi teh terus diteureuy.

Mangpaat daun seureuh bisa oge keur ngubaran sariawan. Panyakit sariawan dina istilah urang Sunda, biasana sok ditandaan ku kaluarna getih tina liang pangambung. Dina basa Indonesia mah disebut mimisan. cara ngubarana, daun seureuh dipintel pintel, jiga aki urang nu sok leukeun keneh ngaroko make daun kawung. Daun seureuhna ge dipintel pintel jiga kitu. Tuluy daun seureuh nu meunang mintel mintel tea teh dicocokkeun kana pangambung. Insya Allow, moal lami deui oge getihna bakal saat.

Kiwari geus langka wanoja Sunda nu nyeupah. Kitu ge geus karolot pisan. Ku kituna, seureuh geus teu pati dipikawanoh mangpaatna ku nu ngarora. Padahal dina seureuh teh loba zat nu aya mangpaatna pikeun awak urang.

Mohon tunggu...

Lihat Konten Ilmu Sosbud Selengkapnya
Lihat Ilmu Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun