Sora kacapi sing gulitik
Sora suling sing kuriling
Sora degung karasa adigung
Tabeuh goong, puguh sombong
Aya pati dihiberkeun luhur janur
Seuri sinis pikeun kesang nu karasa tiis
Angin ngayun-ayun,
hate nu karonce.
ah..
Poe nu bengis,
Anjeun nyerengeh
tapak lengkah teu puguh pernah
hate ngalengis
karasa aya nukohok
basa cimata teu karasa ngabaseuhan kabaya
harita anjeun nendeun janji
pinuh yakin rejeung pasti
kiwari,
kamangmang jadi kanyataan
janji anjeun,
sumpah anjeun,
ngarangsadan nganaha-naha
...
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana
Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI