Mohon tunggu...
Neng Tanti Septiani Hidayat
Neng Tanti Septiani Hidayat Mohon Tunggu... Mahasiswa - Pelajar/Mahasiswa Universitas Pendidikan Indonesia

Hanya belajar untuk menulis.

Selanjutnya

Tutup

Ilmu Sosbud

Tradisi jeung Kabudayaan nu Aya di Situ Ciburuy

4 Oktober 2022   19:10 Diperbarui: 4 Oktober 2022   19:12 536
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

Hiji daérah moal jauh tina kabiasaan tur adat anu dipaké dina kahirupan sapopoé masarakatna. Kitu ogé masarakat nu aya di sabudeureun Situ Ciburuy. Salah sahiji Situ nu kasohor lantaran aya dina sempalan kawih Bubuy Bulan nu rumpakana “Situ Ciburuy laukna hésé dipancing, nyérédét haté ningali ngeplak caina“. Ditilik tina éta kawih, aya ciri anu bisa ku urang tingali. Dina kalimah “Laukna hésé dipancing” ogé ngagambarkeun salah sahiji ciri kabudayaan, kapercayaan sarta tradisi nu aya di lingkungan éta sorangan. Panasaran naon waé kabudayaan, kapercayaan sarta tradisi nu aya? Atanapi aya nu tos terang kumaha? Sareng naon sababna? Pami teu acan, hayu urang wawanohan.

Situ Ciburuy perenahna aya di Désa Ciburuy, Kecamatan Padalarang, Kabupatén Bandung Barat. Tempatna kawilang stratégis, lantaran deket jeung jalan sarta deket ogé tina raraméan. Situ Ciburuy mangrupa situs titinggal karajaan Pajajaran ti mangsa pamaréntahan Prabu Siliwangi. Tempat ieu mimiti na dipaké pikeun jadi arena tarung jawara-jawara nu aya di tatar pasundan. Nilik tina sajarah, baheula aya dua wahangan nu silih patepung dipalebah tungtung atawa di Désa Ciburuy. Dina taun 1918, lokasi patepungna éta wahangan téh dibendung. Sarta cai na dipaké pikeun kabutuhan masarakat, ogé tatanén. Lila kalilaan, cai dina bendungan téh beuki ka luhur sarta neuleumkeun kurang leuwih 15 héktar. 

Titinggal ti karajaan pajajaran di ieu situ téh diantarana waé nyaéta keris, kujang, bendé atawa loncéng nu dijieun tina perunggu, sarta tulisan Sunda Kuna dina daun lontar nu ditulis ku Prabu Kian Santang. Ti taun 1942, masarakat Situ Ciburuy ngayakeun upacara rutin pikeun ngamandian keris nu dilakonan unggal tanggal 1 Muharam. Upacara ieu biasana dihijikeun jeung upacara néwak lauk nu dingaranan “lotré”. Nalika upacara éta lumangsung pagelaran kasenian tradisonal Sunda saperti wayang golék, kendang pencak, ronggéng, jeung lian-lianna. Tapi, geus sababaraha taun tradisi éta téh teu dilaksanakeun.

Tuluy naha aya paribasa lauk di Situ Ciburuy téh hésé dipancing? Éta téh pikeun sémah atawa wisatawan, ari pikeun masarakat Ciburuy mah tangtu waé henteu. Lauk di Situ Ciburuy ngan bisa dimeunangkeun ku masarakat pribumi nu ngawariskeun élmu atawa cara néwak lauk ti karuhun. Nalika kawénéhan, harita ceuk warga aya nu keur nguseup ningali lauk gedé. Gedé na sagedé panto, pinuh ku lumut. Lian ti éta aya mitos ngeunaan lekong nu sok katingali dina waktu tartangtu jeung teu sagawayah jalma bisa ningai éta lekong. Malihan mah nalika ditanya ngeunaan éta, teu aya nu wani ngomongkeun kumaha-kumahana. Aya ogé pantrangan pikeun nu bobogohan datang ka Situ Ciburuy, utamana waé dina poé jumaah jeung saptu. Lantaran bobogohan sorangan mangrupa hal anu tabu. Lamun aya nu ngalanggar, hubungan manéhna bakal kaganggu. Najan teu apal kumaha jenis gangguanna, tapi nalika dipikirkeun deui ku urang mah sagala mitos atawa pantrangan nu aya téh miboga hiji tujuan nu sarua, nyaéta pikeun ngajaga sangkan tempat éta téh teu diruksak sarta ngajaga sopan santun nu aya di daérah sabudeureun Situ Ciburuy éta sorangan. Sarta bisa dijadikeun pangajaran ogé pikeun urang, nalika nyaba ka hiji tempat téh kudu mihormat jeung ngajaga éta tempat boh dina laku lampah urang, boh dina étika nu aya.

Situ Ciburuy kiwari masih kénéh dina tahap pamekaran pamaréntah Jawa Barat, tempat nu aya tulisan Situ Ciburuy (tapi lain gapura) na ogé ditutup. Najan masih dina tahap kamekaran, urang masih kénéh bisa datang ka ieu tempat. Boh pikeun jajan, numpak parahu, ngurilingan situ, atawa pikeun leuwih mikanyaho ngeunaan kabudayaan nu aya. Sababaraha tradisi émang geus teu dilakonan deui, tapi dina upaya pangembangan mah éta tradisi nu aya téh bakal diayakeun deui. Masarakat nu aya di sabudeureun ieu Situ ogé kawilang soméah, komo ka sémah. Nalika urang hayang nalungtik kabudayaan atawa sanés kantenna, urang tiasa tataros ka Pa Imat, nu biasa ngajagaan.

Situ Ciburuy mangrupa situs atawa titinggal nu miboga tradisi. Ku kituna urang salaku masarakat tangtu waé kudu bisa ngalestarikeun sarta ngawanohkeun kabudayaan nu aya, sangkan éta tradisi jeung kabudayaan téh teu leungit. Lamun lain ku urang, ku saha deui? Lamun teu ayeuna, iraha deui? Nyérédét ieu haté nalika mikanyaho yén sababaraha tradisi geus teu dilakonan deui, sarta sababaraha mitos geus teu dianggap. Mudah-mudahan jangji nu aya pikeun ngayakeun deui tradisi sarta upacara nu aya di ieu tempat téh bener-bener bisa kalakonan. 

Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H

Mohon tunggu...

Lihat Konten Ilmu Sosbud Selengkapnya
Lihat Ilmu Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun