Mohon tunggu...
Naura Zahra
Naura Zahra Mohon Tunggu... Pelajar Sekolah - Pelajar

website buat tugas!

Selanjutnya

Tutup

Ilmu Sosbud

Ngumbah Leungeun Make Sabun (NGALAMUN)

2 Maret 2023   14:16 Diperbarui: 2 Maret 2023   14:20 522
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Gambar: istockphoto

Ngarojong kana deklarasi World Health Organization (WHO) atawa organisasi kasehatan sa-dunya ngeunaan pandemic COVID-19 tanggal 12 Maret 2020, Presiden Joko Widodo ngaluarkeun Keputusan Presiden Nomor 11 taun 2020 ngeunaan ditetepkeunnana Kadaruratan Kasehatan Masyarakat ku ayana Panyakit Corona Virus Disease 19 (COVID-19) dina tanggal 31 Maret 2020. Kamentrian Kasehatan sacepetna ngaluarkeun Surat Edaran Nomor HK.12.12/I/385/2020 nu disebarkeun ka kabeh Dines Kasehatan nu aya di Provinsi, Kabupaten jeung Kota sa Indonesia, supaya maranehna aktif ngabewarakeun ka sakabeh masyarakat keur nyegah panyakit COVID-19 ku cara ngagerakeun masyararakat “kabehan make masker” jeung “ngumbah leungeun make sabun (NGALAMUN)”.

COVID-19 nyaeta hiji panyakit anu disababkeun ku virus SARS—CoV-2 anu mangrupakeun bagean tinu virus corona. Virus ieu bisa nular lamun aya kontak langsung jeung jalema anu kena infeksi jeung ngaliwatan cipratan ciduh, batukna, atawa waktu beresin. Virus bisa pindah kana awak urang, lamun teu ngahaja urang kena kana sarupaning hal nu aya disabudereun urang, terus teu sadar urang ngusap panon, sungut, jeung irung make leungeun anu geus kakeunaan virus corona eta.

Ngabiasakeun ngumbah leungeun make sabun mangrupakeun salah sahiji cara penting keur nyegah panyebaran panyakit COVID-19. “NGALAMUN” efektif kacida keur nyegah panyebaran virus, bakteri jeung kuman disbanding ngumbah leungeun make cai biasa wungkul (teu make sabun).  Ngangge sabun mah gampil pisan ngancurkeun “Membran Lipid COVID-19” nu akibatna “Virus COVID-19” jadi lemah (teu aktif deui).

Kiwari loba pisan inisiatif ti rupa-rupa organisasi, LSM, Parusahaan jeung sajabana anu ngilu ngarojong nyadiakeun fasilitas keur “NGALAMUN” di tempat-tempat umum, di kantor-kantor, di sakolaan, di tempat ibadah kitu deui di imah masing-masing. Ku sabab kitu, masyarakat kudu dibere pangarti ngenaan manfaatna “NGALAMUN” supaya bisa jadi budaya hirup urang sapopoena.

Salian bisa nyegah panyakit COVID-19, “NGALAMUN” oge loba mangfaatna, diantarana:

  • Bisa ngurangan resiko kaserang panyakit diare.
  • Bisa ngurangan resiko kaserang panyakit pernafasan akut.
  • Penting oge keur ngurangan nularna bibit panyakit anu bahaya (pathogen) saperti: kolera, ebola, shigeliosis, SARS jeung Hepatitis.
  • Ngalindungan tina serangan panyakit infeksi jeung ngurangan nyebarna “resistensi antimikroba”.
  • Bisa ngurangan tina kaserangna panyakit tropis.
  • Hasil panalungtikan para ahli, “NGALAMUN” bisa ngurangan kurang lewih 35% tina kaserangna panyakit COVID-19.

Supaya jadi budaya di masyarakat, malahan WHO ngadeklarasikeun “Poe ngumbah leungeun sadunya” satiap tanggal 15 Oktober. Oge keur ningkatkeun kasadaran jeung pamahaman masyarakat pakait jeung pentingna “NGALAMUN”

Ku sabab kitu, akibat positif tina “NGALAMUN” kudu dibewarakeun ka sakabeh masyarakat supaya pada apal jeung paham manfaatna lamun dilakukeun bari rutin. Biasana keur ngawujudkan tujuan eta, patugas kasehatan khususna anu garawe di puskesmas, klinik, rumah sakit, sok ngayakeun acara panyuluhan jeung praktek “NGALAMUN” di sakolaan-sakolaan, pos yandu, kantor-kantor jeung tempat laina.

Nitenan tulisan diluhur, ngenaan mangfaat “NGALAMUN” kuring seja umajak ka para dulur sakabeh, hayu urang budayakeun “NGALAMUN” sangkan urang sehat, kaluarga sehat, lingkungan sehat, masyarakat sehat katut Bangsa Indonesia Sehat, Aamiin Ya Rabbal Alamin…

Mohon tunggu...

Lihat Konten Ilmu Sosbud Selengkapnya
Lihat Ilmu Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun