Reup peuting pagalo jeung rungsing
Bray beurang paselang jeung haredang
Kamana kudu nyisikeun diri
Hate geus ngarasa bosen, Pasirig sirig langit angkeub ngawur ngawur simpe.
Ka sapanjang jalan hirup.
Lamunan kukucuprakan di tengah leuwi
Di awut awut ku engkang engkang.
Moal boa teu panggih jeung samporet poe isukan
Keun bae ngan saukur bisa tumasrah ka sagala panakdirNa
Kudu kamana ngabangbangkeun hate
Nu di gurih ku rasa kuciwa
Beri Komentar
Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!