seger rarasaan teh tapi gang mah tetep leueur. Nudaragang ge rada hati2 lempang teh, kitu oge
tukang roti. Harita keur usum roti cau...ditawarkeun ku tukang roti teh di singkat teu roti cau tapi
rotiiw...rotiw cenah! teu sirik unggal isuk, ah apal tukang roti cau ngaliwat...rotiw!
tapi harita mah rada kaget abdi teh sabab aya tambahna...rotiiww! bareng jeung sora nu
ngagubrag....gustiw! si horeng tukang roti tisoledat...tina jandela katingal tukang roti keur nyangsaya
nandang tunggara rotina pa balatak...karunya abdi teh pirajenan ditanya pura-pura teu apal..."aya
naon mang!"...."aya pisang, aya keju, aya coklat!"
dasar saur abdi dina hate bari hayang seuri....inget keneh geuning sakitu geus lambokot ku letak oge..