Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Cireumbay Rasa

7 Januari 2012   12:13 Diperbarui: 25 Juni 2015   21:12 167 0
keclak cireumbay tina soca

keclak kabungah nu jadi harepan

paadu jeung marojengjana rasa salira

boa lain rasa nu sabenerna tina sukma

tapi rasa nu kabeuleum ku ruhayna jiwa

boa kiwari mah geus leungit

boa kiwari mah geus indit

kayakinan jeung harepan boa geus mulang

kauntup ku rasa curiga nu ngagedur dina dada

harepan ngan saukur impian

kudu peunggas di tengah jalan

mugia ngan saukur lamunan

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun