Jejengkean manehna asup. Tapi panto ngareket basa didorong teh. Nu keur tibra kahudangkeun, terus diuk na enggon. "Eh, bapa...," pokna basa breh kanu asup. Soni nunda curuk lebah biwir, mere isarah supaya Nani teu nyoara. Lalunan manehna nutup panto kamar. Cetrek dikonci. Manehna imut basa ngadeukeutan Nani teh. Nu dideukeutan murungkut. Gogodeg. "Teu kengin atuh pa. Pan aya ibu."
"Teu nananon. Ibu geus sare," Soni ngaharewos.
Nani antukna sadarh. Ngageser awakna, mere tempat jang diuk dununganana.
Gek soni diuk. Adek pisan kana awak Nani.
"Bade gosok gigi heula nya, pa."
Soni gogodek. "Ah, teu kudu."
"Isin ah, bilih bau."
"Ah, teu nanaon."
Soni, nu geus diberung ku napsu, langsung meronto. Nani teu baha. Angin peuting jadi saksi bedahna birahi.
***
Jam 11 beurang. Sup mobil teh ka buruan penginepan. Sabada pesen kamar, Imas ngajak Wawan ka kamar. Di jero kamar, langsung ngudaran baju terus ngagoler na kasur.
"Hayu kadieu," pokna ngagupayan Wawan, supirna nu umurna sapantar jeung anakna.
Nu diparentah teu baha. Teu kaleked ngalaan baju sorangan. Terus ngagoler gigireun dununganana. Leungeun imas langsung beraksi, ngusapan supirna nu umurna karek lilikuran. Nu diusapan peureum beunta. Sanggeus kitu, teu loba soara nu kadenge. Ukur guruh napsu.
***
Soni jeung imas pada pada buligir luhureun kasur. Tapi taya nu sok ngamimitian beraksi. Kalah pada-pada neuteup lalangit kamar.
"Hayu atuh pah."
Soni ngarahuh. Terus nguniang cengkat nedunan kawajiban. Tapi pipikiranan kalah ngacacang ka Nani.
Imas oge teu beda. Justru nginget-nginget awak Wawan anu masih serba ngeusi.
***
"Kang, iraha atuh urang kawin?"
Nani neuteup bebenena. Wawan ngusapan buuk Nani.
"Sabar. Urang ngumpulkeun heula modal."
"Pan, tos kenging sawah dua kotak."
"Ke mun tos tiasa meser bumi, urang berhenti."
Nani unggeuk. Terus ngabebeskeun awakna kana dada beubeureuhna. Wawan balik nangkeup. Pikiran duanana ngacacang ngabayang-bayang pikahareupeun.(*)