Mohon tunggu...
KOMENTAR
Filsafat

Haji ka Kabuyutan Atuh!!: meh Jadi HAJI di Pakuan Sorangan (I)

30 Maret 2010   03:06 Diperbarui: 26 Juni 2015   17:06 319 0
Sunan Gunung Djati-Kalam kasundaan no 41 Kecap petingan Haji, kabuyutan, thawaf, nyusuk, kafir I. Adeg-adeg Haji harti asal kecapna ngadeukeutan/ngadatangan/ngadeuheusan, ari kabuyutan maksudna tempat suci. Jadi haji ka kabuyutan hartina ngadeukeutan/ngadatangan tempat suci atawa ‘pilgrimage’, ‘journey to a holy or special significance place’. Kongas nepikeun ka di bukukeun di filmkeun di cina jaman dynasti Tang aya carita haji ka kulon…‘pilgrimage to the west’ nyokot kitab suci budha ku jalan leumpang/ngadeukeutan ka vulture’s peak di rajgir India…. Cenah, di Indiana 13 taunan lilana, malah mah mun diitung jeung dijalan bulak balikna mah nepikeun ka 17 tahunan (629-646M). Ari balik Monyet ge (Sun Wu kong) manjing Budha ‘budhahood’. Ari di Islam – nu jadi domain kecap- Haji ka kabuyutan (sok sering disebut Haji mungkul /Al Hajj) … nya ngadatangan ka’bah (Mekah) jeung sabudeureuna (Mina, Mudzalifah, arafah) ngan waktu didituna teu lila teu sing ukur sababaraha poe. Baheula mah dijalan na mungkul nu lila, ayeuna mah bulak balik teh ukur mimingguan. Ari balik saha wae oge disebut (digelaran) HAJI, meureun supaya boga pangaji manjing Haji tuluy. Da ari hayang ngaran mungkul mah teu kudu ka kabuyutan di mekah cukup indit ka pasar make kopeah/dikudung tuluy siga rek balanja…salila dipasar moal burung disebut Haji oloeun tukang dagang. Dina babasaan di sunda sapopoe, kecap Haji ka Mekah jeung sabudeureunana sering oge diganti ku kecap jarah (jarah hartina ngadatangan deuheus ka hiji tempat sababaraha waktu terus balik deui). Jadi lamun aya nu rek Haji sok nyarita na teh ‘nyuhunkeun pidu’ana ti sadayana sim abdi bade jarah ka tanah suci’ atawa ‘….bade jarah ka Mekah’. Ari kalolobaana kecap jarah dipake pakeun pagawean ngadatangan maqom hal ieu teh sigana sabab di Masjidil haram ka’bah aya maqom nyaeta maqom Sang Khalilulah Ibrahim as nu dicirian ku dua tapak suku kawas dikabuyutan Sang Purnawarman jeung Rahyang Wastu kancana. Tapi, jarang- malah asana mah can pernah manggihan- aya nu rek nohonan ibadah haji ka Mekah nyarita, “nyuhunkeun pi’duana, abdi bade haji ka kabuyutan (padahal ka’bah teh kabuyutan tempat/tanah suci); atawa sabalikna, nu rek ngadeuheus ka kabuyutan nyarita..” nyuhunkeun pi’duana, abdi bade Haji ka kabuyutan…(padahal ngadatangan teh haji)”. Dina ngomong na ge tangtu loba nu nyalahkeun. Naha??? padahal harti kecap mah sarua wae. Nu beda saukur nu hiji kecap sunda nu hiji kecap arab. Tempatna nu hiji di sunda nu hiji di arab. Diskriminasi gunana kecap ieu geus lila kapanggih sabab sikep urang sundana sorangan nu sok nganggap leuwih bener/alus make kecap batur tinimbang ngagunakeun kecap sorangan. Alesan ieu tangtu gampang disalahkeun –salah sahijina –ku argumen yen beda soteh sabab beda realmna beda prakprakanana beda tujuanana jeung utamana beda kayakinana/kapercayaanana. Tapi,… naha enya kawas kitu sababna???? Yakin??? Tulisan ieu rek nyoba nganepikeun ngeunaan haji ka kabuyutan nu ditepikeun di luhur bari ngawatesan maneh museur kana naon nu kapanggih di sunda jeung di islam nu kaharti ku sunda. II. Kabuyutan di sunda jeung di Mekah Kabuyutan nu aya di Mekah, mimitina dicirian ku batu (wana hideung/hajar aswad), wangunan mandala (pasagi/ka’bah) jeung Cinyusu (jam jam),…bangsa Arab (turunan Semit) percaya pisan batu teh suci jeung ngabogaan kakuatan/barokah nepikeun ka sok dicium saking ‘ngahurmatna’ sikep kieu teh (nyium hajar aswad) tuluy diteruskeun nepi ka Islam ayeuna. Tangtu geus pada nyaho kabuyutan di bakah ieu heubeul pisan ayana, malah ceuk beja Agama mah, didamelna ngawitan ku Khalifatullah Adam as,…tuluy diadegkeun deui ku tedak Ur Babylon nu ngababakan di mekah Sang Khalilullah Ibrahim as miwah Putrana Isma-EL as. Bandingkeun jeung di sunda nu nurutkeun dulur ti kanekes mah luluhur sunda teh sami buyut Adam : kabuyutan teh mangrupa mandala2 pasagi, aya cainyusu2 jeung Batu2…urang sunda ge percaya batu boga kakuatan /barokah contona sok dijadikeun lingga puseur mandala oge jadi batu panayogean/pamangkonan. Ngeunaan tempatna kabuyutan di mekah aya di hiji lengkob nu di kurilingan ku sabaraha pasir nu ngahalangan pangaruh langsung sagara keusik, di sunda ge kabuyutan teh sanajan aya di pasir tapi tara di puncakna pisan saukur di mumunggangna jeung sok kaliung ku pasir-pasir sabudeureuna ngajaga pangaruh langsung hawa ti luar. Saatos jaman Islamna Sang Khalilullah ciri di Bakah teh nambahan ku ayana Maqom Ibrahim nu ditandaan ku dua tapak suku; di kabuyutan sunda ge aya tapak2 suku nu lumahingna,…. Tuluyna dijaman Islamna Sang Khataman Nabiyyin nu ngangken milatul Ibrahim di sabudeureun kabah diadegkeun tempat shalat-masjid al haram…kadieunakeun di sunda ge sarua,… dimasjidan (nu panungtung ieu mah kaciri pisan pangaruh ti arabna (Islam-Muhammad). Lobana wanda nu sarua kieu teh nepikeun ka sering ti babaheula keneh keur nu resep susundaan sok ngadu renyomkeun saha atuh sunda teh saenyana, islam henteuna sunda saencan islam Muhamad, mana nu heula islam teh di sunda atawa di arab, jrrd. Komo sanggeus beja ti Prof. Arysio Santos sumebar mah –Atlantis: The lost continent finally found – cenah atlantis teh ayana di sunda (besar+kecil) beuki wae kahucuhkeun pakeun neangan jati diri. Sanajan kitu, pakeun kapentingan ulikan kapribadian mah nu kitu teh lain hal nu kudu digegedekeun katimbang teu pati guna sabab loba nu antukna saukur jadi marebutkeun balung bari teu dihakan tuluy agul ku payung butut, nu leuwih penting mah–nu dihanca ieu tulisan- kumaha ngahartikeun, ngarasakeun, ngabuktikeun jeung makena warisan luluhur nu luhung tur mulya ieu teh (luluhur hartina generasi saencan urang ayeuna) supaya hasil hese cape aranjeuna -kalebet kanyaah asihna luluhur anu mulya Sang Rahmatan lil alamin kapungkur teh- mantes di sunda ayeuna …sunda jadi pantes …sunda aya hargana deui. III. Haji ka Kabuyutan di bakah Haji ka baitullah teh rukun Islam..pilar poko pakeun muslimin nu mampuh migawena, Ieu haji teh wajibna dipigawe sakali Saumur hirup. Sangges miqat, haji dipigawe ringkesna kawas kieu: ihram lillahita a’ala, thawaf (ka hiji) 7x ngurilingan mandala ka’bah (mandala=ka’bah=pasagi) dipasieup ku sa’I-; geus kitu, saencan migawe thawaf 7x nu kadua (al-ifadha) jeung sa’i nu ka 2 migawe mabit (mina) wukuf (arafah) jumrah (mina) heula; tuluy balik deui ka Mina (jumrah) karek we thawaf7x ka tilu nu panganggeusan (wada) bari teu perlu sa’I deui. Terus balik..ninggalkeun kabuyutan. Tawaf 7x salila haji nepi ka 3 balikan bari ti ka1-ka 2-ka 3 teh si jiwa nu keur haji nambah ‘improve’ sab kapasieup ku hikmahna susah cape tapi wekelna sa’I, nyaruakeun maneh jeung batur wuquf, maehan setan nafsu – jumrah, mencit sato (tingali qurban dewek), can cukup keneh (ditingkatkeun deui) maledog setan deui di mina, sageuy ari nista maja utama mah teu matri teu tapakan. Singgetna, sacara proses thawaf ka hiji nyobaan ngalalanyah, tuluy di update jiwana di ka 2, update deui memeh balik pigawe deui thawaf supaya matri sakinah di baitullah. Bijaksanana sang mursalin ngagelarkeun ajaran pangparatan hakekat, hartosna, nuturkeun talapakan Ibrahim ieu teh di sareatan ku cara cara nu ninggang kanyataan hakekat. Hakekat nu kudu jeung bisa kahontal ku masing masing tangtung boh dikabuyutan boh sanggeus balik deui ka lemburna sewang sewangan ka pakuwuan na sorangan mawa bekel pikeun wekel boga pangaji Haji di kabuyutan. Haji ka baitullah di mekah mah ngan sakali (wajibna) haji ka kabuyutan sorangan mah Saumur umur saendeng endeng da deukeut mawa bari milu kababawa. Kajadian thawaf teh ninggang hakekat kanyataan dina awak. Kieu geura: IV. Haji ka Kabuyutan di Tangtung Salian ti aya di Mekah baitullah teh aya di tiap jelema , nyatana, hatena bisa jadi kabuyutan asal nepi ka pangkat mu’minin kongas “qalbu mu’minin baitullah”. Mu’minin hartina nu iman ari iman nyatana nur (sunda) nu dipasihkeun ku nu maha hirup ka nu daek aslamtu (islam) nyatana sumerah pasrah ka mantena. Iman mah rasul ge teu tiasa masihan komo guru resi ajar ustad kiai syech jeung sajabana eta mah –iman- hak nu maha hirup mere jeung teu merena. [Matak ulah gampang ngaku geus iman (mu’min) nurutan urang arab baduy… ..era ku nu moncongok. iman the ni’mat nu pangede gedena….ngaku mah cukup muslim (sabisana) weh bari terus neneda sing kapasihan iman nur sunda nu maha suci. Can tangtu nu geus ngaku muslim meunang iman jadi mu’min]. Ngan, sabab aya jangjina Ar Rahman nu Maha suci lamun enya enya aslamtu bakal dipasihan iman nu mangrupi nur sunda rukun (islam)na kudu enya enya dipigawe…..nyatana (nu ka lima) Haji ka kabuyutan deuheus ka baitullah. Deuheus ka hate nu nyunda caang (qalbu mu’minin baitullah) bisana ku thawaf museur keun maneh; Pancegan ihramna, tuluy munajat: denge nu lain salian ti itikad hate teu didenge, deuleu salian ti kana hate teu di deuleu ucap salian ti gerentes itikad du’a hate teu diucapkeun ambeu dieuweuhkeun; dua mata teu dipake neuleu dua liang irung teu dipake ngambekan dua liang ceuli teu di pake ngadenge liang sungut teu engab 7 lawang kadunya nutup…mateni patang (opat) perkara (pangdenge pangdeuleu pangangseu pangucap) angilo/ maca/ nimbang/ museur kana paesan tunggal… malikeun peta latipah ti talab ka qalbu ngaliwatan ruh sir nafi kahfi akhfa, unggah alam ti insan nu kamil, ka ajsam misal arwah wahidiyat wahdat ahadiyat di taratas disaliksik… ti amarah ka salwiyah ka lawamah ka mutmainnah ka rodiyah ka mardiyah ka kamilah (thawaf muter ngalawan putaran jam –malik malikeun deui alam nu kajamanan) make cai caina kahuripan kajayaan kawedukan kinasihan darma menceger anjlog ka (ci) paingan… lamun kaffah museur buleud nya tangtung masagi tubadil, munggah haji, naek, asup, ka alam sunda alam nur alam malak alam para hyang. Nyata geura naon nu kapanggih waktu keur thawaf di baitullah di mekah SARUA jeung keur thawaf kana/dina hate nu geus caang –kapasihan caaang ku nu maha suci, waaaah maenya?....bener kitu?....mana buktina?..... urang saeutik bukakeun sababaraha lalangsena: [EDDY NUGRAHA] (bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng)

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun