Prak-prakan nyawah th aya sababaraha tahap. Pagawan anu kahiji nyata ngabaladah, nyata nyacar jarami atawa jujukutan nu aya dina kotakan sawah. Geus kitu tuluy macul, malikkeun taneuh ku pacul ngarah bagian taneuh nu suburna aya di luhur. Saenggeus macul dituluykeun ku ngawuluku, nyata ngancurkeun taneuh meunang macul mak singkal. Maksudna ngarah taneuh anu dk dipelakan par jadi ledok.
Sammh macul, patani nyadiaan binih par heula, melakeun binih pare disebutna tebar. Tah di Citalem mah melak binih par masih knh sok di leuweung, kusabab ngarah teu dipacokan ku hayam binihna. Ilaharna tebar th dina babaladon, nyata kotakan anu pangledokna. Lamun umurna geus cukup, binih par dirabut pikeun dipelakeun di kotakan sawah.
Saenggeus diwuluku, tuluy taneuhna diratakeun. Geus kitu mah kari tandur, nyata melakkeun binih par dina kotakan sawah tea. Engke lamun par geus jadi, jujukutan nu milu jaradi kudu diberesihan, disebutna ngarambt. Rngs dua atawa tilu kali ngarambt mah kari nungguan usum pann.
Jadi, nyawah th nyaeta pagawean anu biasana dilakukeun ku patani anu geus jadi kabiasaan urang sunda salah sahijina di Citalem. Hasil pann na bisa dituang keur sapopo atawa og bisa dijual keur kabutuhan anu sjn.