Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Cover Boy Gagal (Carita Sunda)

19 April 2011   11:29 Diperbarui: 26 Juni 2015   06:38 249 1
'Nalipak maneh atuh euy. Kudu ngaragap awak. Teu pantes maneh mah
kalah kumaha ge'.

Ngangres jeung ngabatin hate teh mun mikiran eta kalimah. Asa ku nyeri
teuing dikitukeun ku sobat dalit ti leuleutik. Enya ngarti kuring ge,
si Omon teh pan si Omon, nu ngomong sakarep maneh, teu pati dipikir,
komo mikirkeun batur nu diomongkeunana teh nyeri hate atawa henteu.
Paduli teuing jigana jang manehna mah.

Kalimah eta sababaraha kali diucapkeun si Omon ka uing. Lain sakali
wae. Jeung lain ngomong ka kuring sa eun, ieu mah sakapeung ngomongna
teh di hareupeun jalma loba. Teu nempo si jurig teh lamun beungeut
kuring geus beureum asak bakating ku era jeung nyedek piambekeun.
Sarimbag meureun harita mah beungeut kuring teh jeung anakna Wa Semar.
Sumuhun kulan, sim abdi teh Cepot - meni kudu dijentrekeun wae.

Ngan mun ayeuna dipikir-pikir, teu salah si Omon ngomong kitu. Atuda
kuringna deuih teu gableg pikir.

Cenah di esempe teh hayang jadi pamaen inti basket.
'Teu nalipak maneh, maneh mah, geus beke teh budayut deui. Moal kapilem. Moal'.
Cenah di esema teh hayang jadi anggota Paskibra.
'Teu nalipak maneh, kaseeeep. Paskibra mah itu tuh jiga Dendi, awak
alus, jangkung, kasep, beungeut beresih, bodas, ngota. Ngaranna wae
Dendi. Kuring wae lalaki, bogoh mun bisa mah. Euweuh sajarahna
Paskibra hideung, cungkring kieu jiga maneh'.
Cenah waktu nincak tujuhlas taun, hayang jadi model iklan atawa cover
boy, jiga na majalah Mode tea. Terus kuring dipoto ngagaya di Yonas,
dipoto nyangigir tea gening, nu keur jadi mode harita teh nepi ka
kabeh budak esema boga poto dipiguraan dina latar tukang coklat pulas.
Celengkeung teh si Omon ngagoak 'Uned!!! Moal aya euy cover boy hunidu
kitu. Nalipak maneh atuh euy'.
H U N I D U. Huntu. Ningali. Dunya. 'Gelo siah Omon!!! Na kuring salah
naon ka sia teh, nepi ka kitu pisan ngahina teh. Kieu-kieu oge kuring
boga harga diri. Ulah kabur siah, juriiiig'. Ngan teu ebat ngudag si
Omon teh, kaburu ramo kuring nyagap biwir. Aeh, heueuh. Gening hunidu
uing teh.

#########

Mobil jazz hideung masih kaciri weuteuh eureun di hareupeun sakola.
Barudak nu biasa ngariung handapeun tangkal kiara ayeuna mah teuing
pada ka mana. Pakansi meureun ka dayeuh. Meunang kabagjaan meureun
karek minggu kamari samen. Sanggeus markirkeun mobil di handapeun
kiara, jrut hiji lalaki turun.

Tilu tukang ojeg pada ngalalieuk ka manehanana. Olohok ka lebah lalaki
eta. Sanajan sarua lalaki ge, kumaha teu olohok nempo aya lalaki
ginding ka kampung nyingkur make mobil alus. Teuing kunaon, lalaki eta
teh ngeunah ditempo, 'enak dipandang' istilahna mah. Jangkungna teu
beda ti jangkungna urang dieu. Kulitna teu bodas, ngan oge teu
hideung. Santen, nyari. Meureun ieu nu disebut 'tan' meureun. Awakna
tegep, cangkengna leutik. Lebah dada ngalegaan, bidang meureun.
Taktakna cangker. Leungeunna kaciri gurat uratna, jigana mah urut gawe
beurat, jadi buruh manggul - eh, maenya nya, buruh manggul gandang
kitu. Eta mah hasil tina pitnes atuh.

Jeung eta deui ieu lalaki teh, meni alus pisan dangdananna. Jiga awak
sampayaneun. Sapatu mencos. Bodas, beresih. Calana nyelepet ku
licinan, meni jiga peso karek diasah. Jigana teh kaenna teh ngeunah
pisan dipakena. Ragrag. Euweuh tapak rikes. Pas dina cangkeng, calana
abu-abu na dibeungkeut beubeur nu sarua alusna. Kaluhurna make kameja
sereg di awak. Body fit meureun nya, nepi kaciri alus awakna. Kameja
kotak-kotak, latar tukang bodas saheab, leungeun panjangna digulung
nepi siku, dicangreud ku tali dikancingan. Body fit oge leungenna teh,
nepi ka kaciri mereketet.

Nu pang alusna mah beungeutna. Ginding jeung gandang. Panonna make
kaca panon hideung. Lain cengdem ieu mah, senceng adem. Ieu mah kaca
panon nu aya dina iklan toko kaca panon tea. Merekan. Halisna ngajeler
paeh, ngan keukeuh alus keneh jang lalaki. Irungna mancung. Gadona
rada mencos tapi kaciri kuat. Godeg teu leubeut teuing, ngan pantes
pisan nembongkeun kalalakian. Biwirna teu pati beureum, ngan teu
hideung. Beureum mah jang awewe, teu nyari aya lalaki biwirna beureum.
Buukna hideung semu beureum saeutik, dimodel jucungkeun. Asa jiga si
kuncung sakapeung mah, ngan ieu mah jauh gindingna teh. Naon cenah
disebutna teh, spike.

Teuing kunaon, tilu tukang ojek teh ngan ukur colohok jiga nu bogoh.
Boa-boa geus jadi homo. Ngan nempo si lalaki eta datang ngadeukeutan,
mmaranehna karek sadar - mun teu kitu bisa jadi kawas kisah Nabi Yusuf
versi gay.

'Hapunten bapak-bapak'.
Euleuh, kayungyun. Geus kasep teh, nyunda deuih. Jeung eta deuih sora,
meni alus pisan. Beurat, jiga penyiar RRI baheula, saha tateh? Euh,
Pak Sambas.

'Punten manawi tiasa tumaros'.
Eta deuih huntuna, meni nyacas bodas. Eta teh make odol, atawa dihampelas nya?
'Mangga teh teuing Aden', jawab Mang Suhadma.

Si jajaka ngadeukeutan. Ayeuna mah kaangseu hiliwir bau .... menyan?
Ih lain. Parfeum. Bau na teh nu sauted tea dikecrotkeun na leungeun.
Mun teu salah mah CK Paris - wah dasar sotoy.

'Manawi uninga. Dupi bumi na Kang Omon Padmono di palih mana?'

Reup, beungeut nu hiji tukang ojeg geuneuk, teu lila jadi pias.
Beungeut dua tukang ojeg lainna neuteup seukeut ka manehna, ngomong
saur manuk 'Mon!!! Omon!!!'

Tukang ojeg nu dipelong cengkat. Awakna nu cangker nguli samemeh
ngojeg masih kaciri, dibungkus calana jins belel jeung baju sarua
belelna. Sarimbag jeung kulitna nu belel oge. Buukna panjang rada
ngarumbay, teu disisir, komo diangir mah.

Sanajan manehna tukang ojeg, manehna masih keneh ngarti tatakrama.
Komo ieuh ka jajaka gandang ti dayeuh. Omon unggeuk ngajawab
'Ssssu...su...muhunn... Iiii...iii..euueu. Abdi....' solongkrong we
leungeunna teh disolongkrongkeun.
Gap leungeun Omon ditampa ku si jajaka eta. Kaciri pisan bedana
leungeun teh, najan sarua aya ototan. Nu hiji mah hideung kukuna, nu
hiji deui mah meni beresih. Jeung teu pati geusrak teuing.

Teup, dua panon pateutep. Leungeun Omon rada ditarik ku si jajaka. Ku
Omon dikenyedkeun deui. Jeger-jeger oge, sieun dirogahala papada
lalaki mah, komo lalaki kasep kitu. Ngan orokaya, si kasep teh narik
deui nepi ka antukna Omon ditangkeup ku si jajaka.

'Kang Omon. Ieu abdi Kang. Uned'.

Sajongjongan Omon jiga mata simeuteun. Colohok. Kalahkah Mang Suhadma
jeung tukang ojeg hiji deui nu tingjorowok, bari jeung ngadeukeutan si
jajaka.

'Uned ieu teh? Teu bisa.....teu bisa.... Uned mah teu kasep jiga kieu.
Bener ieu teh. Uned maneh teh?'

'Muhun Mang. Ieu abdi. Uned. Junaedi Kosasih. Putra Pak Haji Engkos'.

'Nu bener ieu teh', celengkeung Omon nyarita. 'teu mungkin Uned kasep
jiga kieu. Bener ieu teh Uned'

'Ih, Bang Omon kok begitu' ceuk eta jajaka bari jeung noel Omon nu
saharitaeun langsung mundur ngadenge sora centil ti eta jajaka
gandang.

'Ha....ha.....ha..... Kang Omon. Sieun nya. Heureuy kang, abdi mah.
Ieu leres pun Uned, nu hunidu tea. Nu teu nalipak maneh tea. Nu
cungkring tea. Nu hayang jadi pamaen basket tea. Nu hayang jadi
paskibra tea. Nu sadayana ge mustahil nya Kang?'

'Gusti. Bener ieu mah si Uned. Ngan naha bisa kieu?
Kadieu....kadieu.... Diuk. Dongengna kumaha? Eh kela. Bogo surutu
teu?'

'Kang Omon ma jiga nu teu apal. Pan abdi mah teu nyesep Kang'.

'nya keun we Tuh. Sok nyarita atuh. Eta dikumahakeun hunidu na?'

Antukna mah si Uned nyaritakeun satarabasna ngeunaan transformasi
dirina, kumaha sungutna dioperasi, huntuan dikawat, ka pitnes ampir
unggal poe, les kepribadian John Robert Power, adug lajer kuliah
komputer, jeung teu poho siruru unggal mandi.

'Kaleresan ayeuna ambi gaduh damel sampingan Kang. Janten model iklan.'

'Hah!!!! Nu bener.'

'Alhamdulillah Kang. Janten model nu jiga cover boy tea. Ayeuna mah
model iklan di majalah. Sanes. Sanes majalah Kuncung, atanapi Bobo
atanapi majalah Trubus. Ieu mah majalah mode pameget. Lumayan Kang,
halal, sareng deuih janten tiasa gaduh anggoan nu sakinten sae'.

'Euh, kutan teh kitu. Cing, iklan naon nu pangahirna?'

'Maenya teu uninga. Iklan erloji'.

'cing ngilikan majalahna?'

Memeh Uned mukakeun majalahna, teu pupuguh guludug disada tarik pisan,
jeung dibarengan gelap dur dor, nepi ka opatan nu aya di handapeun
tangkal kiara kapiuhan.

D U A R R

##########

'Hudang!!!! Hudang kaseeeeep. Uneeeed. Sare teh kamalinaan'.

Bray panon beunta. Breh Omon dihareupeun, nulak cangkeng.

'Eh, Kang Omon'.

Omon ngarenjag saheulaan, halisna kerung.

'Ukang, akang sagala. Jadi teu rek ngurek belut teh? Uing geus siap ti
tadi yeuh. Dasar juhe, jurig teh hees di mana wae'

Leng, kuring ngalieuk sabudeureun. Kuring cengkat. Kaciri ku juru
panon tina kaca lomari, jajaka hideung karek hudang. Kuring
ngadeukeutan lomari. Nyidik-nyidik. Sidik. Hideung. Beke. Bucitreuk.
Hunidu. Euh aing mah, kamana beungeut nu alaus jeung kasep tadi teh.
Na atuh ngimpi teh meni alaus jeung nyeri kieu.

Ret ka sisi tempat diuk. Breh, koran poe ieu nu geus rada soeh.
Nembrak pisan hiji iklan, lalaki gandang, kasep, make kaca panon
hideung. Lalaki nu kudu na mah manehna. Iklan toko A Kasoem.

Euh, meureun kuring teh ngimpi jadi model saperti A Kasoem. Keun we
lah teu kahontal oge. Nu penting mah kuring geus jadi model. Model jam
tangan. Sanajan dipoto ngan ukur leungeun......

'Mon.... omon!!!! Ke heula dagoan euy. Hayang nempo kuring jadi model
teu? Ieunyeuh aya na koran. Geuwat ka dieu.....'

'Mon!!!'

Euh, teu percaya gening si Omon na ge.

'Ya Allah. Nun Gusti. Cing atuh paparin abdi kabageaan diri. Keun we
si Omon nyarita nu nganyerikeun, ngan pribados mah teu kedah janten
model we, ngan ukur hiji Gusti. Cing atuh sakali-kali sobat dalit
kuring ngomong kieu 'kasep euy gening maneh teh'....

Cag, 18 April 2011

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun