Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Teu Dijudulan

14 Februari 2012   07:20 Diperbarui: 25 Juni 2015   19:40 84 0
duka iraha mimitina ieu rasa jadi katresna
rek diantepkeun genah na manah
rek dijaga sangkan teu pindah
rek disiram meh jadi bibit kanyaah
sugan esuk jaga jadi beuki tambah
tur jadi tangkal kabungah
nu pasti mugi teu aya tungtungna


sanes ngan ukur kecap endah dina letah nu matak bingah
nanging kanyaah nu dongkap tina juru manah
kanyaah nu beuki tambah tur wegah nyingkah


aya deudeuh nu beuki keukeuh
cinta nu beuki maksa
nineung nu beuki ludeung
nanging asih mugia angger bersih


dina lolongkrang kiceup urang pateuteup
ngojay dina sagara katresna teuleum dina laut kadeudeuh
bulan nu pias dina langit nu bengras
jadi saksi cinta urang ngahiji


seredetna hate can keneh rengse
ku emutan nu nyeleket ngaganggu sare
mangsa urang can bisa mikir hade
mikir panjang jaga tur engke
duka kumaha sangkan seredet ieu jempe
ngan nyesakeun hanjakan kacida na hate

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun