Mohon tunggu...
KOMENTAR
Catatan

Hirup di Nagara Beunghar Teh Kieu Rasana

13 April 2011   11:49 Diperbarui: 26 Juni 2015   06:50 703 3
Jang, geura ngaji kadituh, nyiar elmu kahirupan. Supaya hirup Ujang henteu kasaruk-saruk dina dunya ieu anu loba pisan godaan. Anu datangna ti sabangsa jin jeung manusia, maranehna teh sok ngaharewos dina hate urang supaya ngalakukeun lampah anu dibendu ku Gusti Allah. Sok geura regepkeun sadaya anu dicaturkeun ku guru teh, ancikkeun dina sanubari supaya betah merenah dina manah. Bekel keur hidep engke lamun geus manggihan sagala kahirupan.

Engke lamun geus gede, kade, tong ngingilu lieurna jalma-jalma nu geus teu boga rasa rumasa. Anu hayang nyeleweugkeun dunya dina bahamna. Da geuning dibejaan, dinasehatan, disindir jeung loba deui cara supaya maranehna saladar teh apanan siga cai nembrag karang, teu kerel-kerel. Saeutik ge teu aya tapakna, siga kukuh pageuh nyangkrem kana bumi.

Bejana teh cenah maranehna jalma pilihan, luhung elmu jeung jembar pangabisa. Tapi kunaon atuh hirupna teh siga nu teu narima elmu dunya jeung akherat saeutik pisan. Atawa sigana mah maranehna ngarasa meureun, tapi henteu maksakeun, da geus kabebenjokeun ku agulna hirup. Asa aing uyah kidul, agul ku payung butut, poho ke lemah wadi. Rarasaan maranehna mah hirup teh ngan di dunya hungkul, padahal aya deui hirup anu leuwih utama, nyaeta di alam anu lian. Dimana sadaya kalakuan urang teh tangtuna baris dipenta pertanggungjawabanana.

Ayeuna mah mendingan, jep weh jempe. Nasehatan mah enggeus, tinggal kasadaran maranehna hungkul. Lamun teu saladar ku sorangan, rek naon deui anu dipiharep atuh. Da urang mah jalma leutik, teu boga kawasa geuning. Rek didereded ku bedil sina maot, jalma anu ngarusak nagara teh, da teu boga bedilna. Rek dikadek, da maranehna teh geuning jelema, malahan mah saagama, teu menang, dosa cenah. Ah jadi serba salah geuning hirup di dieu teh.

Matakanana dina agama urang teh, meuni omat-omatan kana lampah laku diri teh. Da geuning meuni nyata buktina, nu ngarana jalma mah lalieur lamun henteu dicangred ku hukum mah. Kumaha kahayangna wae, asal urang senang, kajeun batur mah. Eta sakitu loba parentah supaya ngahadekeun akhlak, tapi geuning anu ngagugu mah bisa diitung ku jari. Lolobana mah kalahka salasar, alias doollin [tungtung surat al-fatehah].

Anu lucu teh di nagara ieu mah, aya jelema anu ngaku-ngaku ngawakilan hiji daerah, padahal manehna lain urang asli dinya. Pedah hayang kapilih jadi wakil rakyat cenah, hehehe. Lieur atuh eta jalma teh, teu boga ka era, komo gableg rasa rumasa mah jajauheun kana ngaragap diri sorangan. Jadina weh kitu, kusabab niat awalna goreng, mangka kadituna oge goreng hasilna.

Terus aya deui, lamun hoyong diuk di gedong wakil rakyat teh atawa hayang jadi pamimpin. Urang teh kudu asup ka salah sahiji partai. Na ku aneh, cenah ulah ngagugulu golongan, tapi ieu ngajarkeun supaya ngagugulung ka hiji golongan. Na palinter atawa barodo eta jalma teh nya Jang, Abah mah lieur ngabandunganana.

Kabeh jelema siga nu heueuh, ting patengteng patengtang ngaku-ngaku jalma terhormat pedah diuk di korsi DPR. Padahal mah pikaseurieun maranehna teh, siga jelema anu keur ditindihan Gajah tapi ngarasa ditindihan ku Sireum. Jadi kalangsu pola pikirna teh, kudu karunya kamaranehna nya Jang. Rek ngambek, nya sok ngambek, tapi nu paling penting mah kudu haat kamaranehna, da geuning keur kalangsu langkah maranehna mah.

Eta aya deui, anu ngarana MPR cenah. Caritana mah majlis paling linuhung, anu ngawakilan sakabeh rakyat. Tapi anehna, pas ningali kaayaan anu teu puguh kieu, na kamarana atuh maranehna teh, sarare kitu? Nya lamun teu aya guna jeung maunah na jang naon diayakeun, mending bubarkeun weh atuh. Ah jadi tambah lieur deui abah teh geuning Ujang.

Coba bandungan, gajih PNS naek cenah. Tapi nu anehna teh, siga nu euweuh parubahan dina manajemen na teh. Angger weh tiap taun, ningali aya wae pegawe anu balanja dina waktu dines, maraca koran di teras kantor dina jam gawe. Na jang naon atuh aya kanaekan gajih? meakeun duit nagara wae. Sedengkeun duit nagara teh lain milik pamarentah, tapi milik rakyat. Ah naha pikiran Abah nu salah atawa pikiran maranehna anu bener. Rek nanya, nanya ka saha atuh nya jang, da asaan di nagara urang mah jalmana teh palinter. Pinter ngabobodo, pinter korupsi jeung pinter liana anu ngarugikeun nagara ieu.

Matakan, teu maju-maju geuning kahirupan urang teh nya. Padahal, naon atuh anu kurang di dieu teh. Hayang emas tinggal ngagali, hayang batubara pabalatak, pokona mah bru di juru bro di panto ngibaratkeunana  kaayaan ieu lemah cai anu ku urang ditincak. Bakat ku bengharna, da meuni nepi disebut surga di bumi cenah ku batur nagara urang teh. Na geuning asa euweuh buktina, rarasaan hirup teh siga di naraka wae nya geuning, Jang.

Jang, sok ngado'a samemeh indit ngaji, sugan diijabah ku Gusti Allah, da hidep mah masih keneh suci henteu siga Abah anu lumur ku dosa. Mugi-mugia sing aya hiji pamimpin anu bisa mawa urang kana kamajuan. Kajeun otoriter oge cenah, anu penting rakyat teu sangsara, teu doraka ka Allah. Dan lamun urang hirup teu doraka, pastina hirup teh tentrem ayem. Loba kaberkahan turun ti langit, bari jeung narima rupa-rupa nikmat hirup, dunya jeung akherat.

Sok Jang, ngado'a engke ku Abah diaminkeun.

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun