Warung ieu ngajual rupa-rupa kadaharan, ti mimiti karedok, gado-gado, rujak, asinan, nepi ka rupa-rupa mi instan. Hargana lumayan murah, saporsi gado-gado, hargana 15 rébu rupiah. Aya ogé rupa-rupa inuman ti mimiti kopi, téh jeung soda.
Warung Bude Inggit buka jam dalapan isuk nepi ka genep sore. Biasana nu meuli téh warga Permata Bintang. Bude Inggit ogé nyadiakeun pesenan antar.
Sajaba ti kadaharan, Bude Inggit ogé ngajual barang-barang pokok macam béas, minyak goreng. Di dieu ogé ngajual rupa-rupa kaulinan barudak.
Pikeun anu minat, lapak Bude Inggit ayana di komplék Perumahan Permata Bintang Gg. Asoka, Blok G3, No. 6, Cibinong, Bogor.