Kasakit kanker pankreas nu karandapan mangtaun-taun, teu ngahalangan pikiranana anu nyongcolang. Kaasup nyawang sual pati, nu ku Jobs dianggap puncak hirup pangpinunjulna. “Tong ngalalaworakeun hirup,” pokna basa ceramah hareupeun para wisudawan Universitas Standford, AS, Juni 2008 ka tukang. “Waktu urang kawatesanan, ulah dilalaworakeun ku jalan gumantung kana hirup jalma sejen. Urang nu nomer hiji mah, nu lian mah nu kadua,” cenah.
Jobs ngaku, unggal poe ngeunteung jeung nalek diri sorangan. “Mun seug tea mah poe ayeuna pamustungan hirup kuring. Naha urang nyaho, naon nu baris dipilampah poe ayeuna? Lamun meh unggal poe urang ngajawab: ‘Henteu’. Hartina kuring nyaho, kudu ngarobah hiji perkara,” cek Jobs harita nu mireng dirina geus sataun ngarandapan kasakit kanker.
Kaayaan kitu pisan, nu ngalantarankeun Jobs kagitik pikeun nangtukeun pilihan nu beuneur salila hirup. Karasana beurat kacida kudu nurut ka dokter tur nahan kanyeri nu liwat saking salila dirawat. Tapi dibarengan ku sadar, yen dina hiji mangsa bakal mulang ka alam kalanggengan.
“Saha nu hayang tilardunya? Taya saurang oge. Samalah jalma-jalma nu hayang asup surga oge, narah ngalaman paeh heula mah. Tapi pati mah papasten, udagan nu kudu disanghareupan. Saurang oge moal aya nu bisa pukah jeung pati,” pokna.
sipatahoenan.com