Mohon tunggu...
KOMENTAR
Bahasa

Graha atawa Grha

26 Juli 2011   00:13 Diperbarui: 26 Juni 2015   03:23 405 0
Kamari pisan kuring ka Setra Sari jeung babaturan, ti Karang Setra ngaliwatan hiji wangunan kantor gede. Dina wangunan eta aya tulisan GRHA COMMONWEALTH. Babaturan harita nyarita kieu:

"Wangunan saalus-alus naha bet salah mere ngaran...nya, make kurang 'A" sagala. Apanan kuduna mah GRAHA?"

"Ah..da nu kuring apal mah bener kitu nulisna, lamun eta ngaran ngandung harti wangunan COMMONWEALTH" ceuk kuring harita. Derekdek kuring ngajelaskeun naon nu kuring apal ngeunaan harti GRAHA jeung GRHA.

Tetela loba nu boga pamadegan GRAHA teh hartina wangunan atawa imah gede. Ari nu kuring nyaho mah ari nu ngandung harti imah atawa wangunan mah kecap GRHA. Antara R jeung H teu make huruf A. Dina basa lisan mah memang sering oge disebut GREHA meureun keur ngabedakeun jeung GRAHA.

Kecap GRHA atawa GRAHA sering dipake ngaran wangunan gede, tempat atawa wangunan-wangunan nu hade. Contona BINA GRAHA, GRAHA MANGGALA, jeung rea-rea deui.

Tina sababaraha referensi nu ku kuring di baca GRAHA mah hartina BUHAYA. Jadi lamun rek dilarapkeun kana wangunan dina umumna tangtu nu bener mah kecap GRHA, contona tadi: Grha Commonwealth, Grha SCTV, Grha Widya Maranatha, atuh di UGM mun teu salah aya wangunan nu ngarana Grha Sabha Pramana.

Geuning Bapak Presiden dinesna di BINA GRAHA? Duka tah pami kitu. Ngan nu kuring apal, GRAHA = BUHAYA, GRHA=Wangunan, imah, istana, singgasana.Manawi aya nu gaduh referensi sanes?

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun