Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Peuting Nu Suwung

4 November 2011   14:15 Diperbarui: 26 Juni 2015   00:03 141 0
Kuda, pecut ti langit nu jauh, kareta tatu

Ngagiles japah mata kompas, kitab timburu

Ngaduruk kota demi kota, beungeut-beungeut guligah

Usum nu pias, lalumpatan nyered kakasih

Dina tong sampah, jeung panto masjid, gerbong-gerbong

Sirine, gudang bandera, toko kainuman

Sarta sapotong alun-alun; tingsurungkuy

Nyarumput buni dina urat nadi kuring

Peuting teuing ngampih dimana

Dina laci ukur aya pestol jeung rewuan pelor

Karahaan. Di luar, tina jandela nu talobros dipalengpeng

Simpe, bulan ngayambang kajiret

Mata cileuncang, angin maca peurih

Sajak ajag, kalimah ngarongheap tuluy rubuh

Katinggang salambar daun jambu

Nu gugur ku jangjang kalong, halimun nangkeup raheut

Palangkakan waktu mangsa saurang wanoja ngagusur layon

Kakasih saluhureun trotoar

Kuring masih keneh maluruh tunduh

Sapasang sapatu ngajak besuk ngalongok kalbu

Nu dipasung di kebon candu

Peuting teuing ngampih dimana

Taya kekecapan atawa birahi

Saukur nembakkan eureup-eureup ku mangrewu pelor karahaan

Dina dada sorangan

nembak kakasih

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun