Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Ankleung Cangkurileung

7 November 2022   15:33 Diperbarui: 7 November 2022   15:43 421 0
Kuring cicing ngahariring
Ngimpleng ngapung ka kampung
Caangna layung
Di lamping gunung

Lembur kuring nu subur
Rea ngumpul batur sadulur
Seger angin ngahiliwir
Hawa tiis nyiwitan kulit

Ngagenclang cai susukan
Walungan tempat barudak kokojayan
Mojang mojang nu marencrang
Umat imut ngahaleuang

Sawah eces karoneng
Pare asak meujeuh dipanen
Kulawarga ngahimel ku dahareun
Sempal guyon balakecrakan
Dina wanci haneut moyan

Ti jauh katempo
Gawir nu harejo

Barudak reuay garupak
Guyang ku taneuh ledok
Patani naplok

Munding anteng ngagateng
Hariring cangkurileung
Angkleung
Angkleung 

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun