Mohon tunggu...
KOMENTAR
Sosbud

Pentingna Tatakrama Basa

6 Maret 2023   08:48 Diperbarui: 6 Maret 2023   08:51 857 0
Tatakrama dina kahirupan masarakat minangka salah sahiji warisan budaya linuhung  atawa local wishdom anu kacida penting peran jeung kalungguhanana. Boh tatakrama basa, tatakrama sikep, atawa tatakrama dina sistem kamasarakatan. Nu jadi eusi dina tatakrama nyata kumaha carana urang hirup kumbuh di tengah lingkungan masarakat bisa silih ajnan jeung sasama. Sikep silih ajnan minangka dadasar pikeun tumuwuhna hubungan personal jeung hubungan sosial anu harmonis. Tina tatanan hirup anu harmonis bakal numuwuhkeun mangrupa-rupa aktivitas positif dina kamekaran budaya hiji slr bangsa. Ku sabab kitu, masarakat kudu pengkuh miara tur mak tatakrama salaku tika sosial di tengah pakumbuhan.  Komo di jaman global kiwari, tatakrama kudu jadi idntitas urang Sunda  di tengah pergaulan dunia. Tatakrama lir ibarat baju nu dipak, tatakrama Sunda kacida merenah tur mantes jadi papakan hirup urang Sunda, baju warisan ti karuhun pituin urang Sunda, ulah nepi ka diganti ku pakn batur nu teu apal ti mana asalna. Geus sakuduna generasi ngora miara budaya bangsa sorangan, diantarana nyata miara  tatakrama jeung sopan santun dina nyarita basa Sunda. Basa Sunda moal leupas tina tatakrama sabab basa Sunda mah basa rasa. Ku sabab kitu bener salahna mak tatakrama basa Sunda bakal mangaruhan kana nily rasa nu ditimbulkeunana. Tatakrama basa Sunda nurutkeun harti kecapna nyata ragam basa anu baheula disebut undak-usuk basa. Undak usuk basa sunda didieu diluyukeun jeung kaayaan anu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana . Maksudna lain pikeun ngabda-bda keun manusa dumasar kana pangkat, status sosial atawa turunan, tapi  tujuanna nyata sangkan silih ajnan jeung silih hormat ka sasama. Sacara gurat badag, tatakrama basa Sunda ngawengku ragam basa loma jeung ragam basa hormat. Ragam basa hormat  diwangku ku ragam basa keur sorangan jeung ragam basa hormat keur batur. Contona lamun nyarita ka saluhureun tatakramana bakal  bda jeung tatakrama nyarita ka babaturan deukeut. Conto kecapna lamun kalimat basa Sunda "dahar" keur sorangan mah "neda", bda deui jeung lamun ragam bassa ta dipak ku batur, nyata "tuang" lain neda. Tatakrama basa penting pisan dipikaweuh lantaran lamun salah nempatkeunana bakal nimbulkeun rasa nu teu merenah atawa kurang sopan. Ku kituna, ngawasa lmu tatakrama basa Sunda kacida pentingna pikeun sakabh urang Sunda sangkan bisa nempatkeun diri dina kahirupan sosial. Tatakrama basa Sunda anu bener tur merenah sakuduna dipak

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun