Mohon tunggu...
KOMENTAR
Cerpen

Fiksimini Bahasa Sunda - Labirin

28 Oktober 2013   12:12 Diperbarui: 24 Juni 2015   05:56 340 0

Muter. Mapay-mapay jalan tarahal. Teu aya tungtung. Unggalléngkah asma salira di pigandrung. Kamana?. Kabeulah mana ngaléokna ieu tresna. Sidikasih kapahung jalan nu teu aya tungtung. Iraha?. Dimana?. Asih matri dina patarémana réma. Silih teuteup, silih teuleumangulidagnarasa nu rikip disimbutan kakayon kahirupan . Wanci datang silih genti, ngonci sagala carita dina liliuh haté. Kapaku. Léngkah teu daek ingkah, tina jajalaneun nu ditinggalkeun anjeun. “Geulis,, kamari anjeun nutupkeun sagala lawang, ayeuna siga méré tanda, méléngékeun jalan najan ngan saudat cahaya,” haté ngagerentes. Ngaléngkah deui. Balik ka jalan nu ieu deui. Tanggah. Ngartikeun sagala siloka, teuing nepi ka iraha.

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun