Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Reunian

5 Mei 2024   09:59 Diperbarui: 5 Mei 2024   10:01 58 3
Sugan teh moal tepung dei
Te kaimpleung bakal suka bungah gogonjakan
Dina yuswa nu pantes incuan
Teu kakantun nyeri cangkeng jeung huisan

Umur urang ulah dipikiran
syukuran wae urang bisa ririungan
Anugerah tigusti nu Maha Heman
Manjangkeun Yuswa naqdirkeun patepung jeung babaturan

Tapi umur urang sok ngingetan
Ditempokeun kulit peot jeung waruga nu epesan
Dalah dikumaha Geus manjing bener emutan
Ulah ngagugu hawa napsu lobakeun dzikir jeung tafakuran

Sing percaya kuring masih kuring nu bahela
Nu percaya yen sosobatan lain sementara
Tapi bisa jadi bekel tepi ka akhirat jaga
Urang silih doakeun jeung silih bela

Ririungan iye sing jadi saksi
Geus jauh tina rasa ngewa jeung kuciwa
Nu nyesa rasa kanyaah silih bagea
Nu bahela kenangan endah nu ayena sosobatan berkah

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun