Ti barang bras ka jalan Buah Batu
Dadak sakala asa aya anu ngagerihan hate
Rarasaan jararauh panineungan
Jajantung ratug, hate seseblakan....
Ceuk pikir, naha bet Bandung jadi kieu?
Ceuk pikir, naha make kudu aya rusan ka lebah dieu?
Sakapeung aya ku hanjakal sorangan,
Naha los ka Bandung nu biasa daria ayeuna jadi sulaya
Lantaran rasa katresna ukur bisa dicanggeum
Langit Buah Batu mulai angkeub,
Lebah kulon lalayung mulai hibar, siga nu ngalimpudan rasa
Tapi rundayan katineung teu bisa dipapalerkeun.
Langit beuki alum, lalayung surup leungit teuing kamana
Beurang anu heang, bakal diganti ku peuting anu lungse
Peuting anu nembongkeun kaceuceub.
Di tungtung jalan Batu Indah, ngajanteng nyanghareup ka lebah Pasir Jaya,
Dilelempeng sugan aya anu katembong.
Teu bisa dibuni-buni, geuningan rindat salira teh beuki mantengkeun katineung.
Dina jarak nu ngan sadeupa, naha beuki guling-gasah?
Naha ku asa pernah paamprok sono,
Naha ku asa geus pageugeut rasa,
Naha ku asa ngalaman wakca,
Naha ku asa kungsi patali asih.......
Rasa.......pohara.......
Duh rasa,
Hampura teu dianteur ngabudalkeun katineung
Bongan mangsa nu masih katunda
Bongan datang dina sagala hahalang
Duh rasa,
Hampura, ngan ukur bisa dicanggeum dina hate anu simpe.
[Peuting anu lungse, Cimahi, 29 Jan 2012Â Â 02:10]