Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Sajak Sunda: Leungiteun Lembur

4 November 2021   06:13 Diperbarui: 4 November 2021   08:15 1254 4
Leungiteun Lembur
Karya Kang Yoga

Iraha rek mulang ka sarakan
Lembur matuh geusan butuh
Tempat sempal guyon gogonjakan
Harita ulin babarengan

Ayeuna kari waasna
Kiwari kantun panineungan
Lembur singkur geus ilang
Nu nyesa carita bagja

Gedong sigrong minuhan wewengkon
jalan hotmik ti wetan ka kulon
Hawa panas karasa ngaheab
Patalimarga pabeulit ti saban madhab

Leungiteun lembur
kiwari ngan kari ngaran


Purwakarta, 4-11-2021.

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun