Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Sajak Sunda: Ilang Dangiang

3 November 2021   05:50 Diperbarui: 3 November 2021   05:51 958 3
Ilang Dangiang
Karya Kang Yoga

Hujan tanda asih pinasti
Hujan tanda welas tur heman
Barokah ka sapangeusi bumi
Pikeun nu suci ati

Na ayeuna
Hujan jadi mamala
Loba jalma nu cilaka
katalangsara

Da bongan gunung-gunung gundul
leuweung diruksak
hulu cai digalaksak
antukna balangsak

Gunung hejo
Walungan herang caina
Leuweung geus teu ludeung
Geus leungit ilang dangiang

Purwakarta, 3-11-2021

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun