Mohon tunggu...
KOMENTAR
Puisi

Jatukrami

12 Agustus 2021   16:41 Diperbarui: 12 Agustus 2021   16:45 712 3
JATUKRAMI
Kang Yoga

Badami
Babarengan nyakséni
Bagja kiwari
Bungah diri
Bersih ati

Cinta raga
Cahya rasa
Candra purnama
Cacandran éndah trésna
Carita

Deudeuh pageuh ngabaju miraga sukma
Daria ucap jeung lampah jiwa
Dadaksakala cangcaya ilang tanpa karana
Diri kedal jangji jatukrami nyata
Dunga andum pangestu ti baraya

SRIGIDRATI.
Purwakarta, 140321.

KEMBALI KE ARTIKEL


LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun