"Sholawat Pikeun Muji  kakasih Gusti anu Maha Suci"
( Ki Sholawat)
Aya dongeng yeuh, zaman baheula hirup salah sahiji pamuda anu ngumbara, sapanjang jalan manehna huhuitan tuluy neangan kadaharan bari nyanyanyian teu puguh judul teu puguh rupa bari jeung kadaharanana teu manggih - manggih, tepi ka kalaparannana.
Liwat ka hiji kampung tuluy papanggih jeung wanoja anu pohara geulisna pok weh nanya : " Neng, bade angkat kamana?" Eta wanoja ngajawab sabari tungkul : " bade ka pangaosan kang." Jawabna terus gura-giru gancang ngajauhan eta pamuda siga nu sieun.
Di jalan eta pemuda nuturkeun lelenyepan da sieun kanyahoan ku eta wanoja. Dina jero hatena ngucapkeun yen pangaosan teh pasti kadaharan anu pohara gedena, buktina eta wanoja gura giru siga anu lapar, ceuk pikirna boga kadaharan oge teu daek bebeja merenan da sieun di pentaan.
Teu lila da leumpangna gugurusukan jeung ngaliwatan leuweung geledegan eta tempat anu ngarana pangaosan teh nyampak kacida loba jelemana pasti loba kadaharanana ceuk pikirna da tarompahna oge pabalatak pisan di luar dekeut gapurana.
Si pamuda eta teh ngintip dinu hiji tatangkalan bari ngadedengekeun sora di jero eta wangunan anu tohagana, ngan teu daekeun miluan da boga ka era saeutik tea merenan.
Pas keur ngadedengekeun teh di jero eta majlis aya sora kos kieu :
" Lamun urang hayang beunghar, hayang loba rezeki, hayang di cukupan hajat urang ku Sang Hyang Widhi nyaeta Gusti Allah SWT, urang sadayana kudu getol ngaos jeung macakeun Sholawat, sok geura pasti sagala kahayang urang di ijabah, ....... " Â ( Kiyai Jubah Putih)
Tuluy sorana hawar-hawar leungit, ngan sakitu nu ka ireung ku manehna lanjutanana kaburu aya sora ramee bari nyebut Aamiin.