Mohon tunggu...
EXOSTHREE MEDIA
EXOSTHREE MEDIA Mohon Tunggu... Editor - State School

Media Artikel Bahasa Sunda

Selanjutnya

Tutup

Foodie

Kudu Nyaho! Kuliner Populer Khas Purwakarta

28 Januari 2024   17:22 Diperbarui: 28 Januari 2024   18:32 135
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
https://images.app.goo.gl/Qiep6CYhJQtEANgJ9Input 

Penulis : Siti Yuli Sahrina

PURWAKARTA - Sate Maranggi nyaeta kadaharan asli Sunda ti Indonesia nu tiasa dipendakan di daerah Jawa Barat khususna Purwakarta.


Nurutkeun kana sajarah,  sate maranggi ngabogaan filosofi "Tilu daging satusuk" nu ngalambangkeun Tri Tangtu, nyaeta tekad, ucap, jeung laku lampah dina budaya Sunda.
Sate maranggi teh asalna mangrupa kadaharan anu dijieun ku pagawe peternakan domba nu aya di kecamatan Plered
Harita, para pagawe ngan bisa ngarasakeun kadaharan nu dijieun tina sesa-sesa potongan daging domba atawa sapi nu diolah jadi sate maranggi jeung dicampur ku bumbu-bumbu nu boga cita rasa sorangan. Hal ieu ngajadikeun sate maranggi kadaharan nu populer di Purwakarta.


Kuliner ieu dijajakeun iwal ku padagang keliling nepi ka restoran. Sate maranggi aya tilu rupa nyaeta, sate hayam, sate domba, jeung sate sapi. Duanana mindeng digabungkeun jeung sambel tomat acar, sangu ketan bakar, sangu timbel sareng menu sejenna. Biasana padagang netepkeun harga iwal ti Rp. 1.000 - Rp. 5.000 / tusukna.


Aya sababaraha tempat makan sate populer di Purwakarta anu tiasa di datangan ku para pencinta sate maranggi, diantarana nyaeta, sate maranggi Hj. Yetty nu lokasina di Cibungur, Kampoeng sate maranggi nu lokasina di Plered, sate maranggi Bah Use nu lokasina di Pasawahan, sate maranggi Pareang nu lokasina di Kiarapedes, jeung sate Kolong nu lokasina di kolong jembatan tol Sawit sareng seueur deui tempat anu tiasa didatangan nalika ulin ka Purwakarta.


Aya sababaraha manfaat ngonsumsi sate pikeun kasehatan awak, diantarana :
Ngungkulan Anemia
Kusabab daging domba ngandung zat besi jeung mineral anu fungsina alus keur pembentukan hemoglobin nu tiasa ningkatkeun kadar getih beureum dina awak
Ngajaga fungsi otot
Aya kandungan protein  dina daging sapi pikeun ngawangun deui jaringan otot
Ngajaga kasehatan tulang jeung kulit
Aya kandungan vitamin B12 nu alus dina daging domba pikeun ngajaga kasehatan kulit jeung daging domba oge ngabogaan kalsium pikeun kasehatan tulang.


Purwakarta mangrupakeun surga pikeun pencinta kuliner, khususna pikeun anu resep sat maranggi. Unggal hidagan nawarkeun citarasa nu beda-beda tapi teu kirang ngagugah salera. Jadikeun perjalanan kuliner anjeun di Purwakarta pikeun pangalaman anu teu tiasa dipohokeun.
Kedah diemut, yn ngonsumsi sat maranggi sacara kaleuleuwihan og henteu disarankeun sabab bakal mangaruhan kashatan awak, diantarana tekanan darah tinggi, resiko kanker, jeung kadar kolesterol tinggi. Ku kituna konsumsi sat sacukupna. Wilujeung nyobian sat maranggi anu lezat di Purwakarta!

Mohon tunggu...

Lihat Konten Foodie Selengkapnya
Lihat Foodie Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun