Sunda nu ngislam atawa Islam nu nyunda téh éstu karasana dina upacara Nyangku mah. Tradisi di Désa Panjalu, Kacamatan Panjalu, Kabupatén Ciamis téh tiap taun digelar saban poé Senén atawa Kemis pamungka bulan Mulud.
Ari Nyangku téh runtuyan acara nyipuh atawa ngumbang pakarang pusaka titilar jaman Prabu Sanghyang Borosngora. Éta titinggal para raja, bupati, katut ahli warisna kawas pedang, keris, bangréng, cis, jeung trisula ditunda kalayan tarapti di Pasucian Bumi Alit sarta dibuka pikeun dikumbah saban sataun sakali dina bulan Mulud téa. Sabot Nyangku dipirig ku solawatan sareng doa-doa pikeun kamaslahatan saréréa.
Nurutkeun sajumlahing katerangan warga Panjalu Nyangku téh tina basa Arab, tina kecap yanko nu hartina meresihan. Aya ogé nu nyebutkeun Nyangku téh mangrupa wancahan tina nyaang laku jadi Nyangku.
“Nyangku téh tina basa Arab, tina kecap yanko. Anu hartina ngeberesihan. Ti dinya jadi yangko, terus jadi nyangku. Ieu téh tradisi para karuhun nu tepi ka ayeuna dilakonan. Sangkan urang teu pareuman obor. Apal kana sajarah,” Ceuk Ojat, salah sahiji tokoh masarakat Panjalu nu kungsi mangtaun-taun bubuara di Kota Bandung sarta ayeuna dipikolot ku para pamuda di Panjalu jeung sabudeureunana.
Nurutkeun manten Pengawas Pendidikan SMK Jawa Barat nu migarwa ka urang Panjalu, Dédi Indrayana, tradisi Nyangku téh kacida réa manfaatna, boh keur urang Panjalu boh keur masarakat luareun Panjalu.
“Atu muhun, Nyangku téh saabdieun mah saé pisan. Sanés baé ngeunaan ngarumat budaya karuhun, langkung ti éta tina Nyangku téh jadi jalan di antara warga téh langkung guyub. Rasa duduluran di antara urang Panjalu sareng nu sanésna beuki paheut. Teu kitu kumaha, pan para warga nu aya kaitanana sareng Panjalu, nu ngalumbara modél di Jakarta, Bogor, Bandung, Cirebon, sareng kota-kota séjénna dina dintenan Nyangku mah marulih, nepungan deui kadang-wargina, sobat-sobatna. Da Nyangku mah teu langkung ti dua jam, tapi silatirahimna nu penting mah. Ngawangkong sempal guyonna nu resep mah. Silih talingakeun kaayaan,” Ceuk Dédi nu geus mangtaun-taun nyicingan imah di sisieun wétan Sétu Léngkong, Panjalu.
Ari nurutkeun tokoh pendidikan Jawa Barat, Dr. H.RM. Imam I Tunggara, Nyangku téh tradisi penting masarakat Sunda nu kedah dirumat sangkan komara Sunda beuki sumirat ka madhab papat. Sabab, ceuk Imam kénéh, dina Nyangku téh mibanda ajén atikan pikeun para nonoman.
“Pendidikan karakter nu ayeuna digembor-gembor ku pamaréntah téh saenyana bisa dipelajari, dilenyepan, sarta diamalkeun dina rupa-rupa widang kahirupan. Pendidikan karakter salah sahijina napak dina seni jeung budaya. Tangtos baé kalebet budaya Sunda. Tah, budaya Sunda nu tepi ka ayeuna dirumat ku masarakatna nyaéta Nyangku. Saabdieun, Nyangku téh sanés mung perkawis ngumbah pusaka titinggal Prabu Sanghyang Borosngora. Saenyana seueur pelajaran atawa ajén-inajén nu tiasa dimutalaah ku urang-urang. Tina Nyangku urang diperedih apal kana sajarah. Pan saur Bung Karno ogé bangsa nu hadé téh teu mopohokeun sajarahna, mangsa baheulana pikeun mangsa ka payunna. Tina Nyangku urang ogé moal pareumeun obor. Inget terus ka karuhun, ka dulur. Laju, tina Nyangku urang ogé diajarkeun pentingna kadisiplinan. Boh rumawat benda pusaka, disiplin kana waktu, disiplin dina sagala widang kahirupan. Masih tina Nyangku, urang ogé satiasa-tiasa kudu ngaberdayakeun ékonomi karayatan. Da ku ayana Nyangku téh réa jalma nu sarumping. Nya, urang Panjalu téh motékar, laju, muka lapak dagangan. Kulinér sareng kerajinan tangan urang Panjalu dipidangkeun, dijadikeun oléh-oléh ku nu ngadarongdon ka sabudeureun Situ Léngkong jeung Alun-alun Panjalu,” Ceuk Imam Tunggara, nu dina upacara Nyangku taun ayeuna calik dina korsi kahormatan dina panggung nu sami sareng para terah langsung Panjalu katut para pajabat ti Ciamis jeung Jawa Barat.
Imam miharep, upacara Nyangku ulah tepi ka pareum. Sabab, ceuk Imam Tunggara kénéh, dina Nyangku seueur palasipah kahirupan nu bisa manfaat pikeun masarakat Sunda sareng nu sanésna.