HANJAKALNA konkernas munggaran PGRI dina masa bakti ka-21 ukur tilu poé. Kahayang kuring mah saminggu, éh sabulan gé teu nanaon. Panuju pisan kuring mah sanajan kudu ongkos sorangan.
Teu kahaja, basa milihan kaos di hiji kios, kuring jeung hiji pamilon istri adu regeng pepereket marebutkeun kaos pulas héjo aya aksaraan “Suramadu”. Harita wanci sareureuh budak. Geus rada simpé. Patalimarga ukur hiji dua nu nyorang jambatan tohaga minangka karya bangsa Indonesia. Jambatan anu nepungkeun pulo Jawa jeung pulo Madura.
Loba kios nu geus narutup. Nu dagang loba nu milih istirahat. Capé balas nyiar kipayah tiisuk jegur nepi ka soré jegér. Ihtiar pikeun makayaan anak pamajikana. Kataji ku kaos héjo “Suramadu” nu matak kuring embung éléh gé.
Dina enyana ongkoh miang ka Surabaya lain rék sosoro balanja oléh-oléh. Tapi boga amanah pikeun nyawalakeun nasib kaom guru anu teu weléh dilimpudan masalah. Guru kudu merenah, geunah, tumaninah, tingtrim raharja. Ulah loba dijejeléh atawa ditandasa ku sarupaning aturan. Komo nyanghareupan taun pulitik 2014, kaom guru anu jumlahna jutaan pada ngirut para caleg. Mun diérong jeung anak-pamajikana, mitoha, atawa bésana, matak ngaruy nu barutuh ku jumlah sora pamilih. Ari geus hasil mah sok pada diculkeun.
Harita, kuring papada embung ngéléhan pageuh narik kaos héjo. Barang paadu teuteup, anjeuna ngabéléngéh imut. Kaos héjo ragrag kana dagangan baju séjéna nu maju ditilepan, tayohna rék kukud.
“Kang Wahyu ini ya…” cenah semu kerung bari ngantelkeun curukna kana tarang.
“Leres … Ieu sareng Rika?” ceuk kuring samar kénéh. Samar pedah Rika ayeuna buni ditiung. Baheula mah Rika téh rambutna panjang. Sok dikepang dua, nganggo pita héjo kameumeutna. Nu masih kénéh ngancik dina ingetan kuring, Rika boga karang palebah soca kencana.
Manéhna unggeuk. Solongkrong kuring ngasongkeun dampal leungeun ngajak sasalaman. Rika nampa. Teu kungsi lila ngagabrug kuring bari carinakdak. Teu bisa pakumaha. Batur mah taya nu ningalieun. Ukur sababaraha kios ancal-ancalan nu masih muka kénéh.
Geus leler mah, Rika dicalikeun di bangku panjang nu boga kios.
“Maafkan saya, Kang…,” cenah ukur kitu kalimah nu budal dina eusi haténa. Kituna bari nyusutan cimata nu terus merebey rag-ragan. Soantenna ngageter bangun nu beurat. Pangaciana Rika acan teteg bener. Sigana Rika masih kénéh reuwas pasanggrok jeung kuring. Pon kitu deui kuring, teu nyangka sacongo buuk, baris ditepungkeun dina waktu nu samporét..
Kuring jeung Rika batur sakelas basa kuliah di Uninus Bandung. Harita Rika nganjrek jeung mamangna nu boga Rumah Makan Padang “Saiyo” lebah péngkolan Buahbatu. Bari kuliah, Rika getén milu ngabantuan mamangna. Boga karumasa, ma’lum wanoja singer.