Mohon tunggu...
Azri Nurul
Azri Nurul Mohon Tunggu... Mahasiswa - Mahasiswa PRODI PBSD (Pendidikan Bahasa dan Sastra Daerah)

Melestarikan Budaya Melalui Sastra

Selanjutnya

Tutup

Pendidikan

HIMA DIKBASTRADA Ngalaksanakeun Mapag Mahasiswa Anyar Entragan ka-16

9 Oktober 2024   17:17 Diperbarui: 9 Oktober 2024   17:58 95
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Kuningan-Rabu, 09 Oktober 2024 Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Daerah ngalaksanakeun Mapag Mahasiswa anyar éntragan ka-16 dikampus Universitas Muhammadiyah Kuningan.

Mapag Mahasiswa anyar mangrupa salah sahiji runtuyan kagiatan pikeun mahasiswa anyar  prodi pendidikan basa jeung sastra daerah, nu tujuan nana pikeun ngawanohkeun prodi pendidikan basa jeung sastra daerah sarta bisa ngaraketkeun tali duduluran antara mahasiswa jeung sakabeh pangurus hima dikbastrada.

Dina runtuyan kagiatan mapag nu kahiji nya éta Upacara adat anu dipirigan ku gending sarta dipapag ku léngsér, salajeungna nya éta pembukaan, dilajeung ku pamapag ti pupuhu Hima Dikbastrada, kersana Dery Agung Ismail nu ngawilujeungkeun mahasiswa anyar tur ngaraos reueus di wuwuh ku rasa bingah anu tan wates wangen ku ayana mahasiswa anyar prodi pendidikan basa jeung sastra daerah, anu baris ngalalakon turta makalangan dina nyuprih elmu pangaweruh, nalungtik pangarti, ngasah pangabisa di paguron luhur Universitas Muhammadiyah Kuningan. “Wilujeung sumping ka ayi-ayi sadayana, bagéa sasumpingna di PBSD, Pamugi harepan tur pamaksadan ayi sadaya dina enggoning nyuprih pangarti, ngala pangabisa, mugicing kabiruyungan, kalayan kahibaran ku karomah turta barokah mantenna,,, aamiin YRA”.

Acara salajeungna nya éta panbagéa, pangbagéa nu kahiji ti pupuhu prodi Pendidikan Basa jeung Sastra Daerah kersana Bapa Fahmi Rakhman, M.Pd  “Kudu bisa lewih ngaronjatkeun tingkah paripolah anu hade (Adab) kusabab dijaman kiwari gés sedek pareum anu boga tingkah paripolah anu hade nu di laprakan dina kahirupan sapopoé.  Pangbagéa kadua ti wakil pupuhu 1 Universitas Muhammadiyah Kuningan kersana bapa Dr. Casnan, M.Si  mere motivasi nu eusina “ Agar tidak bermalas-malasan dalam menjalankan aktivitas kehidupan sehari-hari, mahasiswa harus bisa mengembangkan potensi diri supaya bisa menghadapi masalah yang terjadi dengan tenang agar hasil yang di dapatkan maksimal”.

Salajeungna nya éta materi nu ditepikeun khususna pikeun Mahasiswa Anyar nu didugikeun ku ibu Heti Triwahyuni, M.Pd  ngeunaan “Profil Prodi Pendidikan Basa jeung Sastra Daerah”, materi salajeungna nu didugikeun ku ibu Opah Ropiah, M.Pd  ngeunaan “Kamahasiswaan”, materi nu pamungkas nu didugikeun ku Bapa Fajar Sukma Nuralam, M.Pd ngeunaan “Akademik”. Dipungkas ku pintonan ti mahasiswa anyar.

Azri Nurul Farida & Cantika Adiprameswari

Mohon tunggu...

Lihat Konten Pendidikan Selengkapnya
Lihat Pendidikan Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun