Mohon tunggu...
Anisa Zulfiana
Anisa Zulfiana Mohon Tunggu... Lainnya - Pelajar/Mahasiswa

Anisa Zulfiana XII Mipa 1

Selanjutnya

Tutup

Ruang Kelas

Kagiatan Jumaah Bersih jeung Senam Babarengan di SMAN 3 Cibinong

27 Januari 2023   09:50 Diperbarui: 17 Februari 2023   09:09 877
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Kabersihan mangrupa sarat anu dipikabutuh ku siswa pikeun kanyamanan dina diajar. Lamun kelas beresih, siswa baris sumanget diajar. Upamana teu aya reungit anu ngaganggu, kelasna rapih jeung harum, guru-guru anu ngajarna ogè nyaman di kelas urang. Sanajan kelas tèh lain tempat urang cicing, tapi kelas tèh tempat tinggal kadua urang jadi wajib ngajaga kabersihan.

Salian ti kudu ngajaga kabersihan lingkungan kelas, urang ogè kudu ngajaga awak sèhat. Usaha ngajaga kasèhatan bisa dilakukeun ku rajin olahraga. Olahraga henteu kedah dilakukeun unggal dinten, ngan 2 dugi ka 4 kali saminggu rutin diselang ku tuang tuangeun anu sèhat sareng istirahat anu cukup.

Dinten Jumaah, 27 Januari 2023. SMAN 3 Cibinong ngalaksanakeun kagiatan jum'at bersih sareng senam babarengan di Lapangan Pujalate SMAN 3 Cibinong, Perumahan Bogor Asri, Kalurahan Nanggewer, Kacamatan Cibinong, Kabupaten Bogor.

Dinten ieu, kagiatan Juma'ah Bersih dilaksanakeun ku siswa kelas 12 MIPA jeung kelas 10 anu kudu meresihan kelas masing-masing contona sasapu, ngepèl, meresihan jendèla jeung sajabana.  Sedengkeun senam babarengan dilaksanakeun ku kelas 12 IPS jeung kelas 11. Dua kagiatan ieu dilaksanakeun sacara silih ganti unggal 2 minggu.

poto ruang kelas
poto ruang kelas

Kagiatan senam ogè kudu dilaksanakeun ku sakumna kelas luyu jeung jadwal. Sakabèh murid anu milu senam kudu mak saragam olahraga sakola, teu meunang mak calana saragam saperti kulawu jeung bodas. Kagiatan senam lain ngan ukur dilaksanakeun ku murid, tapi guru ogè miluan kagiatan.

Senam dipingpin ku guru olah raga, aya Pak Selo, Pak Adam, Pak Iwan Kuswandi sareng Pak Iwan Sutrisno.

Sanggeus senam lumangsung, murid diwajibkeun ganti baju jadi seragam muslimah jumaah sangkan pangajaran bisa dilaksanakeun kalawan genah tur teu kesang.

poto kagiatan senam
poto kagiatan senam

poto kagiatan senam
poto kagiatan senam

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Ruang Kelas Selengkapnya
Lihat Ruang Kelas Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun