Lihat ke Halaman Asli

Jomlo [Carpon Sunda]

Diperbarui: 24 Juni 2015   06:28

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Cerpen. Sumber ilustrasi: Unsplash

“Kapan ku punya pacar… kapan ku punya pacar…”

Spéker cempréng ngangkaeung muterkeun sora nu kaluar tina komputer jangkrik satengahing rohangan guru. Lagu heubeul, teu heubeul-heubel teuing kétah, asana mah sound track salah sahiji film, duka film naon, teu pati apal kana dunya perfilman mah, iwal ti film kartun nu tara katingaleun update-an. Sora ngéngkréng matak katorékan, asa racleng tai ceuli. Tapi lain ku cempréng-cempréngna teuing nu matak tugenah téh, ngan lirikna ngahébosan mapanas haté. Tayohna mah Pa Dikdik, salah saurang guru senior di sakola ieu nu keur anteng ngadekluk ngetik, ngahaja keur nyindiran kuring. Kuring nu nepi ka kiwari can robah, masih nyandang status “jomblo”.

Abong ngahaja nyindiran, playlist nu di setél ngan eusi salagu. Bulak-balik lagu taya eureunna. Sakapeung sok dipencrong Pa Dikdik téh, manéhna api-api teu apal, jongjon kutak-ketik na komputer. Boa kétah, Pa Dikdik teu maksud nyindiran, ngan kuring nu géér asa kasindiran. Tapi, apanan lagu na hardisk téh loba, piraku tina saloba lagu nu aya ukur resep salagu, saresep-resepna gé kana lagu tangtu aya bosenna ari dibulak-balik teuing mah, kawas taya lagu nu séjén waé.

Teu kuat kapanasan ku lirik lagu, kuring nguniang cengkat tina korsi. Tugas barudak nu numpuk na méja pariksaeun ditinggalkeun. Soloyong kuring kaluar, ninggalkeun rohangan guru muru lapangan nu ramé ku barudak keur ayeuh-ayeuhan. Sabot kaluar karérét Pa Dikdik semu mesem, asa puas meureun geus mapanas kuring. Manéhna paling remen ngalédék kuring pedah masih hirup nyorangan, majar téh 2012 sakeudeung deui, lebar cenah mun can ngasaan rumah tangga mah.

Lapangan beuki gumuruh, barudak teu eureun salusurakan, komo pas tim basket sakola téh unggul ti tim tamu nu keur marag dina rarangka persahabatan. Kuring kabawa miluan susurakan, tapi anggeur hate mah héhéaban, gara-gara lirik lagu nu teu euruen ngajelengéng jeroeun sirah: Kapan ku punya pacar… kapan ku punya pacar….

Rarasaan mah, kuring téh euweuh kurangna. Geus jadi selebriti ti wanci sakola dasar kénéh, malum kuring teu weléh jadi bentang kelas unggal taun, malah nepi ka jadi juara umum. Di unggal ekstrakurikuler ogé kuring éksis, loba pisan fans, boh babaturan sakelas atawa adi kelas. Pon kitu deui di SMP jeung SMA, prestasi di sakola beuki nyongcolang. Kuring jadi lulusan pang hadéna sa kacamatan waktu SMP, jeung jadi siswa teladan kabupatén waktu SMA. Olimpiade Fisika kungsi milu nepi ka lolos ka tingkat propinsi, komo tiap aya pasanggiri karya tulis teu weléh jadi juara di kabupatén mah.

Ampir kabéh ekskul nu aya di SMA diiluan, ku minengna latihan gabungan kuring loba babaturan lain nu sasakola wungkul, loba ogé kawawuhan ti sakola nu séjén. Pokona mah siswa pang ténarna sa kabupatén, nepi ka pernah dipajangkeun hareupeun pendopo nalika upacara hari kamerdikaan.

Saking ténarna, kuring teu pernah ngasaan ditolak ku wanoja. Saban wanoja nu ditembak ku kuring kabéh gé narima, taya nu wasa nolak. Kabéh narima, nu narima jadi lanceuk, atawa narima jadi babaturan. Pokna téh “Kang, abdi ngaraos kasanjung dipikacinta ku akang. Abdi kersa janten rai akang.” Atawa “Akang mah pinter, aktif, seueur nu resep ka akang. Abdi gé resep janten sobat akang.”

Mangsa SMA geus kaliwat. Nuluykeun kuliah teu hésé tur teu ngahésékeun nu jadi kolot. Béasiswa cur cor ti ditu ti dieu. Kuliah kari daékna.

Angger, teu robah. Jaman kuliah teu bisa ngeureunan kana kagiatan ekstra mah. Sababarahan kagiatan kamahasiswaan diiluan. Timimiti ekstrim katuhu saperti gerakan kaagamaan handapeun taneuh, nepi ka ekstrim kénca, nyatana sok diaranan gerakan sosialis kungsi diiluan. Preatasi gé teu turun-turun teuing, najan teu nepi ka menang prédikat cum laude tapi can pernah IP kurang ti tilu.

Di kampus, teu ngurangan katénaran mah. Babaturan gé beuki loba, saangkatan, saluhureun, atawa adi angkatan. Sa-fakultas atawa béda fakultas loba kawawuhan. Ngan anggeur, urat nasib kuat ngagedat, salila kuliah teu beubeunangan pikeun batur hirup mah.

Kuliah di UPI, Universitas Patilasan IKIP. Da urang lembur mah can wawuheun kabéh kanu ngaranna UPI, mun nanya téh keukeuh kudu dijéntrékeun, UPI téh kapungkurna IKIP, nu di Ledeng téa. Salila kuliah kuring teu ngakos, horéam piker téh. Keur naon ngakos, pan saré mah bisa sékrétariat atawa base camp. Milu mondok gé dikosan babaturan pan teu hésé. Atawa balik ka lembur gé teu lila, ukur dua jam di jalan.

Kaahirnakeun, kuring remen bulak-balik ka lembur, kuliah didugdag. Dilembur geus ngabaladah mimiti nyieun yayasan, ngadegkeun TK, harepanna mah bisa boga nepi ka paguron luhur engkéna. Salila didugdag teu eureun ari usaha néngan jodo mah. Sugan wéh teu panggih di kampus, atuh panggih-panggih di jalan.

Jarak Kadungora – Ledeng beuki lila beuki teu karasa, geus biasa mah asa jalan kacai. Indit atawa balik bisa laluasa milih kandaraan, bisa kana beus, elf, atawa kareta. Geus lila mah loba langgan, ongkos gé bisa négo, teu mahal teuing, kana beus AC gé pan cukup ku dua rébu pérak. Komo mun kaburu kana jimwés atawa kana KRD, teu meuli karcis gé cukup ku seuri panggih jeung kondéktur téh.

Pikeun ngalancarkeun usaha téa, sok ngahaja mun naék beus atawa karéta téh néangan jok nu masih kosong. Terus diuk di sisi jandéla. Sugan wéh engké di hareup aya nu naék, wanoja geulis, gek diuk gigireun, pan kasempetan.  Ngan hanjakal, unggal manggih jok kosong, nu naék tur maturan gigireun téh nini-nini deui, aki-aki deui. Nasib-nasib.

“Pa Toyib, kadieu sakedap!”

Asa kagareuwahkeun, kalah anteng na lamunan. Nu basket geus bubaran. Kuring masih diuk dina bangku nu nyanghareup ka lapangan.

“Pa Toyib, Ibu aya peryogi.” Sora Bu Nuni ngagentraan deui.

“Aeh, muhun Ibu, aya pikersaeun naon?” Tembal kuring bari geuwat nyampeurkeun ka hareupeun rohangan guru.

“Pa Toyib mah masih enggal kénéh lulus ti UPI, sanes?” Bu Nuni muka pananya.

“Muhun, Bu.”

“Ibu mah tos hilap deui jalan ka Lédeng téh. Sareng deui saurna gedong-gedong di IKIP aeh UPI tos robih ayeuna mah?”  Ceuk Bu Nuni neruskeun pananya retorisna.

“Leres, Bu. Tos arénggal ayeuna mah gedong-gedong di UPI téh.” Kuring nembalan deui.

“Tah ari kitu mah, numawi Ibu teh sareng Bu Wiwin, bade ngiringan seminar di UPI. Lebar atuh da, point na ageung. Pan Ibu hoyong ngringan sertifikasi taun ayeuna.”

“Iraha, Bu, seminarna?”

“Saptu, saptu enjing. Daftar na mah atos ngalangkungan SMS. Kantun artosna mah tiasa hari H saur panitia téh. Tah, Pa Oyib gé tos didaftarkeun ku Ibu, supados Ibu sareng Bu Wiwin aya rencang. Sieun ka langsu, malum geus nini-nini.” Bu Nuni ngajelaskeun bari rada seuri.

“Aduh, Bu, dinten saptu abdi aya jadwal ka kelas.”

“Keun baé kelas mah, tong dipikiran, béré tugas wéh barudak mah. Ka Bapa Kepala Sakola, keun ku Ibu nu nyariosna.”

Jep kuring jempé sakedapan. Asa beurat ari kudu ninggalkeun kelas mah. Tapi da kumaha, nasib jadi guru honorér anyar, teu bisa nolak kahayang guru nu geus senior. Najan beurat, antukna kuring nyaluyuan.

***

Saptu subuh, réngsé shalat subuh, langsung ngabiur indit ka Bandung-keun. Acara cenah dimimitian jam dalapan. Biasana sajajalan indit ka kampus kuring ngarasa sumanget, aya pangharepan, harepan menang elmu na kuliahan atawa harepan panggih jeung nu geulis di jalan. Tapi kiwari, abong kapaksa mimitina, asa teu kabita ku seminarna, najan dilabélan seminar nasional, pangpangna mah inget ka barudak di kelas.

Asup rohangan seminar, di Balai Pertemuan, tukangeun masjid Al Furqan nu geus robah jirim, agréng tur tohaga. Ngahaja milih diuk pangtukangna. Pikiran lain fokus kana seminar, tapi ngalayang teuing ka mana. Sakapeung muterkeun paneuteup ka sakuliling rohangan. Mapay-mapay lalangit, tembok nu dilapis kai warna coklat, terus ngabagi paneuteup ka saban-saban nu datang di éta rohangan. Reg, teuteupan eureun di salah saurang pangilon seminar nu diuk sajajar di pentaseun béh katuhu. Gebeg, hate ngagebeg terus ngageter nalika manéhna gé sarua melong ka kuring bari maledogkeun imut. Imut nu geus teu bireuk deui, nu baheula mineng ngahias rohangan BEM fakultas nu pabalatak.

“Emil…” kuring ngagerentes. Kabid Pendidikan baheula di BEM nalika kuring ngajawat Kabid Sospol, saangkatan. Emil nu pernah ku kuring dikécéng, tapi can pernah pok, teu wasa atu da, éra, nepi ka lulusna, rasa nu disidem leus kapopohokeun. Tapi kiwari, ngadadak ngagolak deui.

Pikiran beuki kumalayang, pangaliwota beuki ngabubulak minuhan dada. Rék ditanya, da puguh jauh, keur mah seminar geus dimimitian, éra rék langsung nyampeurkeunna gé. Keun ah, ‘ké pas istirahat, pikir téh bari ngalageudaykeun deui awak kana panyarandéan korsi. Teteupan leupas deui ka lalangit.

“Emil, teu sangka urang pendak deui didieu. Kumaha damang? Dimana ayeuna? Ngawulang atanapi damel sanes? Naha uih deui ka Tasik?” Bari nangtung dihareup kuring muka pananya. Sora kuring kadéngé kasakuliah rohangan da puguh sound system di setel tarik pisan nepi ka aya aweuhan.

“Emil, asa nembe kamari urang lulus. Lulus ti dieu. Urang sami-sami di wisuda. Tuh, di gedong itu, di gedong Gymnasium nu nyaksian urang di lantik jadi sarjana. Naha Emil masih emut, waktos urang sasarengan bajuang di BEM, ngabela hak mahasiswa? Naha Emil masih emut, waktos urang sasarengan kukurusukan di Gunung Halu, waktu urang ngayakeun gerakan pangwangunan désa? Kabéh carita geus lengkep ku urang dilakonan, nalika urang nimba élmu di dieu, iwal ti hiji. Hiji. Aya nu kurang, nu teu kalakonan ku urang. Tegesna rasa akang. Rasa akang ka Salira. Naha Emil gaduh rasa nu sami sareng akang?”

Katingali Émil cengkat ‘na tempat diukna, lengkahna pasti nuju ka hareup, muru ka tempat kuring nu keur ngadeg. Gigireun tempat kuring nangtung, aya méja moderator nu dihias ku saiket kembang ros. Asa disadiakeun. Kembang ku kuring di cokot, bari deku kuring nyodorkeun kembang ka Émil nu nyampeurkeun. Atuh saeusi rohangan tingkaleprok bari salusurakan.

Plak, kana taktak aya nu noel. “Ari Pa Oyib, kalah ngalamun.” Bu Nuni ngagebah. “Hayu, tuh konsumsi tos dibagikeun, urang tuang heula.” Pokna deui.

Bari kulumas-kélémés kaéraan, kuring cengkat nuturkeun Bu Nuni jeung Bu Wiwin. Ari panon terus muter néangan Émil. Sanggeus kabagéan nasi kotak jeung inumanana, kuring ménta ijin ka Bu Nuni, rék ka tukang heula. Nu dimaksud rék néangan Émil. Puputeran rada lila, bréh katingali Émil jeung babaturanna.

“Émil…” kuring nyalukan.

“Aeh, akang? Kumaha Damang?” walonna kadéngé halimpu.

“Alhamdulilah, pangésto. Sawalerna?”

“Alhamdulillah, saé ogé. Akang gening ngirangn seminar ogé?” manéhna mairan.

“Muhun, bari nganteur Ibu-Ibu, tuh palih ditu.”

“Sami atuh, Émil gé da sareng rombongan.”

“Aeh, dupi émil dimana ayeuna? Di Tasik? Di sakola mana?” kuring geuwat nanya.

“Muhun, di SMP Al Mutaqin, dupi akang?”

“Di Garut, di SMK akang mah. SMK Al Farisi nu di Leles.”

“Oh, ameng atuh kang ka Tasik?”

“Hoyong éta gé, mung…” tembal kuring teu kebat.

“Mung naon? Ah, akang mah aya-aya waé? Aéh, akang punten sanes teu hoyong lami. Mung Émil diantos rupina ku rombongan. Bilih milarian.” Émil mungkas carita.

“Mangga atuh, tapi sakedap, nomer hp…?”

“Oh Muhun, manga atuh urang serat.” Émil nyoékeun blocknote-na, terus ngagutrut nuliskeun nomer hpna. “Mangga, kang. Diantosnya teleponna. Permios, kang.”

***

Senen sore, asa teu genah cicing. Barudak geus baralik. Rohangan guru geus suwung. Nu aya tinggal Pa Dikdik, angger keur kutak-ketik na komputer ngan henteu bari nyetel lagu nu kamari deui. Komputer jempling.

Gap kana sacarik kertas nu aya tulisan nomer hp émil. Angen beuki ratug, leungeun ngageter. Bari narik napas panjang, kuring mancegkeun tekad, urang telepon ayeuna!

Lagu sunda, dalingding asih kadéngé tina ring back tone-na. Telepon aya nu ngajawab.

“Assalamu’alaikum…”

“Wa’alaikumussalam…” Beurat bari semu ngageter kuring nembalan. “Dupi ieu sareng Émil?”

“Muhun, ieu kang Toyib nya?”

“Leres, naha tiasa terang?”

“Tos khas atuh kang, soanten akang mah.”

Rada ngemplong ngadéngé sora émil nu sakitu halimpu tur marahmayna.

“Émil, kumahanya, punten, akang teu tiasa basa-basi. Saleresna mah, akang teh…. eu...”

“Kunaon kang?”

“Muhun akang teh, tos lami saleresna mah. Ti ngawitan urang pendak di kampus. Naha Émil sami kitu?”

“Maksad akang?”

“Tapi punten nya, Mil, akang ngawantun-wantunkeun diri, najan ti baheula tapi akang nembe ngawantunkrun ayeuna. Saleresna…. akang gaduh rasa ka salira...”

Jep, sakedapan sora telepon jempling. Taya nu lemek, taya nu nyarék. Hate beuki ngageter, jantung beuki ratug. Teu waas ngabayangkeun naon nu bakal dikedalleun ku manehna.

“Kang…” mimiti kadéngé deui sora Émil. “Saleresna, Émil….”

Tut…… tut…… tut…….

Hanjakal pulsana beak.***

Tengah Poé, 18 April 2010

Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline