Lihat ke Halaman Asli

Basa Bapa Néangan Ema

Diperbarui: 25 Juni 2015   06:29

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Pendidikan. Sumber ilustrasi: PEXELS/McElspeth

"Hampura, Nawangsih, anaking. Geuning, unggal ningali Indra jeung Surya babarengan, bapa teu panggih jeung indung hidep. Malah, tarajé emas panété turunna gé teu kungsi katingali melengkung."

Entéh satungtung deuleu. Dibeulah jalan nu jiga léor oray mapay tonggong gunung. Ogé vila, vila, jeung vila, nu terus jlug-jleg, beuki rajeg. Gedé, Pangrango ngasang satukangeunana, paul, tapi geus koléas. Masieup guruh anca Cihaliwung.

Tarub terus tungkul, teu nolih pangbibita alam. Anteng ngumbar lamunan, milang keclak cimata dina tungtung léngkahna.

"Taya di Leuwi Condét, disusul ka Cililitan, ka Dépok, ka Pulo Geulis, nepi ka Puncak. Anjeun angger teu ngawénéhan. Duh, Nawangwulan, kamana ari anjeun atuh? Rujit anjeun ku runtah nu minuhan beungeut leuwi nu kiwari hideung jeung hangru?"

Sukuna nu jibreg teu karasa geus nincak Gedé. Terus nanjak, beuki nanjak. Anjog ka huluwuton. Lamunanana digareuwah handaru susuruputan. Di hareupeunna, botol palastik sagala ukuran: galon, 1,5L, 600mL, jeung 250mL reuteum nyedotan cinyusu. Hararus, haraus jasa.




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline