Lihat ke Halaman Asli

Duuuh Bandung

Diperbarui: 27 Oktober 2016   00:06

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Illustrasi: Travel agencies London, United Kingdom

duuuh Bandung 

jalan heurin kabina-bina
cai tegallega duka geus kamana
situ aksan ngan ukur ngaran jeung beja
ranca nu pinuh ku cai pinuh ku jelema 

bagea duh Bandung
di gunung heurin ku tangtung
lawang panto geus tepung jalan
lawang cai tuluy katutupan

sora keclak hujan lelembutan
ti tonggoh mula geus ngabejaan
datangna cai baris lalumpatan
ngaliwatan imah leleoran

tungtung bitis patunggangan
bulu hiris patarema ngiceupan
tarikna gorowok urang lebak
cai minuhan jalan budak gogoakan

loba serang laleungitan
gedong laluhur ngagantian
duh Bandung iraha rek waluya
hanas muja da geus jadi indung balarea

ceurik getih geus teu matih
awuntah geus jadi pamatih
banda geus teu bisa nalangan raga
naha urang teh geus daroraka

duuuh Bandung 


Bandung, 26 Oktober 2016




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline