Lihat ke Halaman Asli

Pamingpin Kudu Ngarahayukeun Rahayat

Diperbarui: 26 Juni 2015   12:43

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Bahasa. Sumber ilustrasi: FREEPIK/Jcstudio

SIMKURING lain ahli pulitik. Komo deui mun kuliah di jurusan pulitik. Dalah jadi pulitikus praktis, simkuring teu hayang-hayang pisan kawas batur ngambeu jabatan anu pas pamilihan umum sok remen dipahibutkeun teh. Lain teu bisa. Tapi, tingkat elmu pulitik kuring can nepikeun ka darajat pulitikus-filsuf. Pan ceunah ceuk katerangan pupuhu filsafat Yunani, Plato tea, dina buku Republik Nagara teh kudu dipimpin ku pajabat nu ngarti kana etika pulitik (politisi-filsuf).

Nyejahterakeun rahayat, ngarahayukeun lembur, tur ngajadikeun nagara anu dipingpinna berkah jeung salamet. Dina istilah Islam, eta nagara cocok moprok disebut "baldatun thayyibatun wa rabbun ghafur". Berat oge nya mun kitu mah jadi pajabat pamarentahan teh? Sabab, pamingpin kudu bisa adil nu antukna bakal ngumbuhkeun rahayat pikeun sauyunan mikacinta nagarana.

Mun mah pamingpin teu bisa adil jeung amanah, pan dina katerangan Islam oge diwawar-wawar bakal ditanya sual kapamingpinanna salila hirup di dunia. Hadits Nabi eces tur jentre, pamingpin diibaratkeun kawas tukang angon - bocah angon ceuk Emha Ainun Najib mah - nu boga tanggung jawab dobel.

Kahiji, ngajaga angonanna supaya bisa nyatu pikeun "survive" dina kahirupan. Lintuh, montok, jeung dagingna "badag enjum". Eta teh nunjukeun tukang angon geus hahasilan. Pan ari ayeuna mah, urang teh keur nyinghareupan ancaman global. Ancaman global warming, krisis pangan, jeung ekonomi pasar neolib. Kakayaan nagara samodel cai, kadaharan pokok, batu bara, tambang emas, jeung kakayaan di laut dijual ka bangsa deungeun. Durasi waktu ngaeksplorasi kakayaan nagara oge, ku perusahaan lain 50 tahun; tapi jadi 100 tahun. Mun kieu terus-terusan, kumaha nasib rahayat poe engke? Sagala anu aya di nagara dijual pikeun nyumponan kakayaan sorangan. Rek lintuh kumaha mun seug mah rahayat kudu sangsara nu antukna hese nyumponan kabutuhan hirup sapopoe.

Kadua, kudu bisa ngajaga angonan supaya salamet tina inceran anjing leuweung anu unggal waktu ngadodoho. Kasalametan angonan aya dina sataktakeun pamingpin. Aya dina sapageuhaneun leungen. Aya dina kawijaksanaan bendo nu dipake dina pidato kanagaraan. Pokokna, nu wani perlaya ngabela mun kawenehan aya nu coba-coba ngancan kaamanan sakuliah angonan (baca: Nagara).

Simkuring aseli urang Sunda. Mun ceuk basa buhunna mah, kuring teh "manusa Sunda pituin". Hiji suku anu aya dina rebuan suku di alam dunya, anu dina kahirupanna nanjungkeun kawijaksanaan hirup. Ngahuripkeun tata-darigama. Ngan kieu we, basa Sunda kuring "teu nyakola". Garihal alias teu ngundak jeung ngunduk kana tatakrama. Hehe

Sakuduna mah, urang Sunda anu paguyub-guyub dina organisasi masyarakat, parte pulitik, atawa ormas agama paheuyeuk-heuyeuk nanjerkeun etika-darigama nu mulya. Praktek pulitik kudu dilakonan samulya-mulyana. Ayeuna mah, pan, loba kajadian, kabijakan ti pamarentah lain ngagambarkeun kawijaksanaan lampahna. Harga bahan pokok teterekelan kawas monyet. Tarif listrik oge cenah diwanti-wanti bakal naek. Encan tarif telpon, internet, ongkos angkot, jeung sajabana.

Aneh, pan, mun kitu kaayaanna nagara teh? Harga cai anu dibotolan oge pan, ayeuna "menyesuaikan dengan" naekna gajih PNS. Tahun 2011 gajih PNS bakal naek 10 porsen. Padahal cai mun ceuk Ki Sunda mah dipiboga ku rahayat. Lain ku bangsa deungeun. Di Cikadu, Kabupaten Sukabumi, sumber "Ci Nyusu" pabrik Aqua sarakanna garing sabab loba disedot ku nu boga modal. Nya dina bahasa mahasiswa mah, disebut "kapitalis". Padahal, cik atuh cai mah ulah dijual ka swasta.

Salian pasualan ekonomi, urang oge dina bulan-bulan kamari diramekeun ku kajadian bituna tabung gas tilu kilo. Ratusan nyawa ngalayang ku sabab minimna kaamanan tabung gas. Malahan di Kabupaten Bogor mah, pan aya warga sakampung ngayakeun pamilihan umum anu calonnya "Minyak lawan Gas". Dina eta pamilihan, dimenangkeun ku "bahan bakar" Minyak tanah. Ieu nandeskeun yen warga teu percaya deui kana tabung gas. Inggis ku risi rempan ku sugan, kompor gas bitu handaruan di imahna masing-masing.

Dina titinggalian Filsuf Yunani, Plato, wanda pulitik lain ditingali tina kasepna beungeut pamingpin. Kagagahan awak lain ukuran naon anu dipilampah dina wilayah pulitik nyerminkeun kabijakan anu alus jeung pro-rakyat. Anu nangtukeun mah, nyaeta kondisi "ideal" si pulitikus atawa pajabat. Kondisi "ideal" ceuk Plato nyaeta nyiptakeun kondisi aman, tengtram, tur raharja di lingkungan masyarakat. Eta anu disebut pamingpin sadar kana jati diri jeung purwadaksina. Sabab, manehna nempatkeun jabatan jeung pangkat dina misi-visi kapamingpinan. Jadi, moal heuheureuyan ngajalankeun prosesi ngabakti ka nagara mun mah nyalonkeun jadi pamingpin tur kapilih.

Simkuring pesimis oge, sabab loba pamingpin anu teu sadar bahwa manehna bakal dimenta pertanggungjawaban dina kapamingpinanna. Jabatan jeung pangkat antukna jadi objek pahibutna jalma di alam dunya. Loba pan, pulitikus anu ngahalalkeun sagala cara pikeun nganteur dirina diuk dina korsi kakawasaan. Dina istilah "marketing politik" anu loba ditentang mah, disebut "money politic". Jadi, ulah reuwas mun mah simkuring bakal ka singgung mun aya tatangga di kampung nu nitah nyalonkeun jadi anggota DPR atawa MPR.

Halaman Selanjutnya


BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline