Lihat ke Halaman Asli

Oom Somara De Uci

Radio Rarama Kedaton Cibasale

Kalangkang, sajak sunda Oom Somara de Uci

Diperbarui: 26 Juni 2015   06:45

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

Kalangkang

Oom Somara de Uci

Sore nu poek di tengah lembur. Di tungtung galengan sawah anjeun ngadeg, neuteup kuring. Diraksukan bodas pias diantara rewuan kembang malati jeung campaka. Beueus cipanon. Gumeter lambey anjeun ngarapal ngaran kuring dina lulurung tali batin. Langit di luhureun anjeun beureum euceuy. Mulasan sono, mulasan melang

Tutunggul batu jeung papan. Nanceb dina luhureun lemah. Jajap anjeun sore harita. Di dieu kuring rek ngarapal ngaran anjeun. Diawuran kembang malati jeung campaka. Lalambang sono jeung melang. Saawuran kembang jeung pangdunga. Geura ngimpi nu pangendahna salila anjeun sare panjang. Keur anjeun sawarga maniloka jeung parahiyang.

2011




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline