Lihat ke Halaman Asli

Oom Somara De Uci

Radio Rarama Kedaton Cibasale

Manggul Beas Keur Indung Bapa

Diperbarui: 26 Juni 2015   10:16

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

MANGGUL BEAS KEUR INDUNG BAPA

Oom Somara de Uci

Kocap kacarita di tanah Cina aya hiji kulawarga miskin, Zi Lu jeung 2 indung bapana. Pikeun hirupna sapopoe eta kulawarga teh dahar samacem boled jeung sampeu. Geus mangtaun-taun eta kulawarga teu kararaban sangu. Beas, lian ti langka, mahal hargana.

Mindeng, Zi Lu memeh sare sok ngadenge indung bapana cumarita, hayang ngasaan dahar sangu nya bodas nya pulen. Nilik umur nu ngolotan, biheung bisa gawe rohaka pikeun ngumpulkeun pameulina. Zi Lu nu nyileuk laju sare bari cimata ngembeng.

Isukna Zi Lu pamitan rek indit gawe ka kota, 50 km jauhna. Di kota Zi Lu buburuh di hiji kulawarga nu nyaaheun ningal budak jujur jeung wanter. Upah digawe teh cukup keur meuli sawaring beas. Eta beas sawaring teh dipanggul balik, 50 km jauhna. Anu matak ilang kacape teh nalika eta beas diasakan tuluy diakeul. Zi Lu bagja ningal indung bapana bisa dahar sangu.

Memeh beak satengah waring indung bapana maot. Sesa beas dibagikeun ka tatanggana, nu sarua miskin. Zi Lu tuluy mangkat ka kota nepungan dununganana.

Dina zaman Raja Chu, ti dinasti Zhou, Zi Lu kapeto jadi salah sahiji mantri kama’muran. Unggal poe tunggang kareta, pakeana hurung-herang sarta dikawal mariksa lumbung jeung gudang. Hanjakal, lamun cunduk waktuna dahar, Zi Lu sok mindeng ngaheruk, cimatana ngalembereh mapay pipi.Inget ka indung bapana nu geus teu aya nalika manehna jeneng. Inget mangsa keur leutik luut-leet kesang mamanggul beas. Inget ka beas nu diakeul. Ceuk gerentesna,”Mun seug maranehna araya keneh, tada teuing bagjana…”




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline