Lihat ke Halaman Asli

Puisi Sunda: Catetan Hiji Lalakon

Diperbarui: 25 Juni 2015   04:25

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

Kutrat – kotret, catetan tambah rocet

Gulusar – gulisir, jadi gambar hapa harga

Sakali mangsa dihapusan,

Sakali waktu ditelekan

Sakapeung dibebener

Terus  dihade - hade

Catetan kalah soek

Sawareh nganaha – naha, sabagean  hare – hare

Waktu datang ngagempur

Langit runtuh  gunung luruh

Aya nu keueung, aya nu ludeung

catetan ngaburu

Saha nu nulis, saha nu ngagambar

Catetan ngariksa

Saha jeung saha nu ngalakon

Tiap saha mibanda catetan sewang -sewangan

Aya nu ceurik  balilihan,

Aya nu seuri pinuh   kebek ku kabungah

Catetan imeut   nyarita ,

Najan soek najan kutung

Catetan terus.... jeung terus nyarita

Dimana jeung kamana urang harita....!

Keur naon jeung ku  naon urang harita...!




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline