Lihat ke Halaman Asli

Muis Sunarya

TERVERIFIKASI

Menulis tentang filsafat, agama, dan budaya

[Sunda Banten] Cicing di Imah, Ulah Indit ka Mana-mana, Bilih Katarajang Wabah Corona

Diperbarui: 12 April 2020   20:10

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Si bungsu balajar di imah. Anjeuna keur ngalaporkeun tugas setor ngafal Quran ka guruna nganggo video-call | Dokumentasi Pribadi

Corona eta doang jurig. Teu katempo, atanapi teu kadeuleu ku panon (mata), tapi geus loba anu jadi korban katarajang ku eta wabah panyakit sadunya. Loba oge nu geus mararaot kasabab virus corona.

Aya-aya bae lalakon di dunya eta. Teu puguh-puguh jalema kabeh sadunya baringsatan jeung pararanik.

Teu katinggaleun nagara urang geh, sarua bae ilu-ilu baringsatan jeung pararanik ku sabab hiji, sarua eta-eta keneh, nyaeta ku ayana wabah panyakit nu ngarana virus corona tea.

Puguh ceunah sampe ka dua ratusan lebih nagara di dunya anu katimpa ieu wabah panyakit. Rosa amat ieu wabah nu ngarana corona nya. Ngabahayakeun, jeung ngarepotkeun sagala rupa kahirupan manusa sapopoe. Jadi balangsak kabeh ku ayana corona.

Biasana nu kasebut omongan "hardolin" (dahar, modol, jeung ulin), tapi pas aya wabah corona doang kieu, kapaksa kudu cicing di imah bae, ngajedog, gogoleran di samak, jeung teu tiasa ka mana-mana. Gawena sapopoe ngan dahar, modol, jeung hees bae ("hardoles"). Kitu ku kitu bae sapopoe. Teu betah parasaan.

Atuh kumaha deui coba. Endek ulin ka mana-mana geh, kaluar imah oge kudu ati-ati, ja saririeun atuh bisi katarajang wabah corona tea.

Corona eta doang jurig. Teu katempo, atanapi teu kadeuleu ku panon (mata), tapi geus loba anu jadi korban katarajang ku eta wabah panyakit sadunya. Loba oge nu geus mararaot kasabab virus corona.

Nyaho sorangan, lamun geus kena ku wabah panyakit corona eta, ujug-ujug eta jelema muriang, awakna hanaang, panas tiris, bari jeung bersin bae, salesma, tur ngokoh batuk, ditambah nyeri hulu, rada seuseuk nafas, ceunah. 

Na'uzubillahGusti Allah, Pangeran sing maparin kasehatan, kaselametan, oge nangtayungan ka urang sadaya tina sagala musibah, utamana wabah corona.

Mangkana nu penting mah ayeuna dina kaayaan doang kieu teh nyaeta keudahna dengekeun jeung nurut ka pamarintah bae, naon anu kudu digawean pikeun nangkis jeung ngalawan supaya ulah katarajang jeung katularan wabah panyakit nu ngarana virus corona.

Nu penting mah dina kaayaan bahaya wabah panyakit corona ieu urang kudu cicing di imah bae, ulah ka mana-mana, lamun kapaksa kaluar imah geh kudu make masker atawa kain panutup, ngadamel sorangan geh sae.

Ngajaga jarak, ulah kumpul-kumpul ngariung jeung ulah ngayakeun kariyaan atawa hajatan heula.

Sakola diliburkeun, balajar di imah. Bagawe geh di imah. Sakalian #NgeblogDiImah, eta geh sae pisan. Kitu tah sakedahna dina kayaan wabah corona ieu. Punten nyah kasadaya Kompasianer.

-----------------------

Halaman Selanjutnya


BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline