Lihat ke Halaman Asli

Oleh-oleh ti Kuningan

Diperbarui: 26 Juni 2015   00:47

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

Ditulis ku: Ena Rohana



Poe Minggu jam 6 isuk kuring geus ngabiur indit ka Kuningan, kapanan ngahaja indit isuk-isuk teh supaya teu hujaneun di jalan, da paur geuningan jalan ti tasik ka Kuningan mah bulak-belok oge rawan longsor.
Alhamdulillah geuningan jalan teh alus ngan aya keneh sih anu renjul mah ngan teu parah, gawir sisi jalan alhamdulillah teu aya nu longsor, duka tah lamun digeyer ku hujan tuluy-tuluyan mah, ah jigana aya nungaburusut.
Anjog ka Kuningan kota kurang leuwih jam salapan leuwih tilu puluh menit, da eta di jalan teh meni keketeyepan, puguhan palaur ku mobil elef jeung beus anu keur ngudag-ngudag setoran ting salebrut jiga munding edan, teu kaop aya nu ngajentul di sisi jalan  langsung reg eureun, paduli panumpang ting borolo utah, heueuh nu matak cilaka mah mun seug tukangeuna meureun teu langsung tijedak kana bujur mobil.
Sapaliwat ningali Kota Kuningan di Jalan Siliwangi angger we kitu jiga baheula, pondok caritana mah can aya parobahan, nu robah teh tukang kupat tahu wungkul, enya baheula mah kapanan manehna wanoja keneh ayeuna mah geus rimbil ku budak he.he.he....ngarana Ceu Juju tah urang kaler tatangga Kang Ndoell  hihihiihihi...
Pondok Carita datang ka saung si Bapa jam satengan sabelas beurang, asa parangling puguh oge jlug-jleg wangunan imah, teuing nu saha, malahan basa tahun kamari mah tempat ngadu kaleci teh aya keneh, eehhh..ayeuna geus jadi imah. Eta deuih tangkal buah harum manis anu sok dipaokan ku kuring baheula, euweuh tunggul-tunggulna acan..beu  enya pangling.
Basa ngariung balakecrakan dalahar, nyakitu tea dahar dilembur mah saaya-aya, lalab tahu-tempe asin peda sambel, jarang-jarang manggihan daging, dahar jeung daging teh paling mun dinu hajatan. Tapi dahar dilembur mah nikmat we nu aya. Enya dina gempungan eta kuring kaingetan deui kocap-kocap anu geus heubeul tara dipake, enya samodel :


  • Gintak  (digintak) =ditarik
  • Menit = lieur
  • Taram = Mimiti
  • Mungkal = Batu
  • Ngawadang = dahar sangu jeung deungeuna tapi daharna lain dina waktu-waktu dahar anu geus ilaharna (dahar isuk,dahar beurang dahar peuting)
  • Sarowal =  Papakéan nu dianggo di bagian handap awak urang jang nutupan suku nepi ka bujal. Macemna aya saroal panjang, saroal pondok, saroal kolor.
  • Celem = Angeun
  • Jenuk = Loba (jumlah anu leuwih ti hiji)
  • Teoh = Handap
  • Cakar = Sapu Lidi
  • Waring = Karung
  • ilok = kocap anu ngawakilan kocap cangcaya (contona : titipan Kang Haji ilok deh anjog ka Wa Udin)


Duh jenuk keneh ieu teh kocap-kocap jaman baheula di lembur anu kapanggihan deui basa mulang heuheuheuheu...
Cag ah...pokona Kuningan sarua keur usum hujan. ti jam hiji oge geus angkeub.

Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline