Lihat ke Halaman Asli

Kagiatan Ronda di Desa Tarikolot

Diperbarui: 16 Februari 2023   15:08

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Foto: by Keysha

Kagiatan positip anu dilaksanakeun ku warga Tarikolot nyata ronda. Tepatna di Dèsa Tarikolot RT 01 RW 07, Kelurahan Nanggewer, Kecamatana Cibinong, Kabupaten Bogor. Program ronda ièu teh mangrupakeun program kerja anu di jalankeun ku bapak rt jeung bapa rw. Bapak rtna namina nyaeta bapak suprianto lamun bapak RW na namina bapa Ahya. 

Kagiatan ronda ieu dilaksanakeun dina bulan puasa, kagiatan ronda ieu dilaksanakeun saban poè ti jam 11 peuting nepi ka subuh ngajelang waktu sahur atawa nepi ka para warga hudang.

Mimitina ieu ronda dilaksanakeun kulantaranan marakna kasus maling motor jeung pembobolan imah di wewengkontan, lantaran warga geus mimiti guligah tina kalakuan para maling.

Kagiatan ronda ieu diiluan ku rumaja jajaka jeung bapa-bapa anu masih rada ngora, biasana samemeh ngalaksanakeun ronda peuting kumpul heula di salah sahiji imah warga atawa di saung anu dijieun ku warga satempat pikeun ngagampangkeun distribusi wewengkon anu rek ngajaga.

Warga anu ngalaksanakeun patroli teu poho mawa pakakas pikeun ngajaga diri nalika nangkep maling bari katwak ku warga anu keur ronda.

Sanajan kitu, kagiatan patroli ieu teu lila. Ti poè ka poè, jumlah jalma anu milu patroli beuki saeutik. Hal ieu lantaran warga geus mimiti sibuk ku kagiatanana masing-masing. Kagiatan ieu dilaksanakeun ngan samemeh bulan Ramadhan.

Sabenerna kagiatan ieu pohara positip pikeun warga satempat sarta loba mangpaatna. Salah sahiji mangpaat jeung dampak positip nya ta kampung téh aman sabab salawasna diawaskeun ku warga anu keur ronda, jeung silih kenal.




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline