Lihat ke Halaman Asli

Kasenian Sunda

Diperbarui: 31 Januari 2024   07:15

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Ilmu Sosbud dan Agama. Sumber ilustrasi: PEXELS

Kasenian Sunda di Purwakarta
   Kasenian tradisional nyaeta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat. Rupa-rupa kasenian tradisional Sunda di Purwakarta kayaning angklung, jaipong, domyak, wayang golek jeung genye.
 
   Salah sahiji kesenian Sunda populer di Purwakarta anu geus dimekarkeun nyaeta jaipong jeung angklung. Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk kasenian jaipong jeung angklung teh. Upama dibandingkeun jeung kasenian sejenna, jaipong jeung angklung leuwih loba nu mikaresep.

   Jaipong nyaeta hiji wanda seni tari nu lahir tina kreativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Jaipong mangrupakeun gabungan tina tilu kasenian sejen, nyaeta ketuk tilu, wayang golek jeung pencak silat. Tina gabungan tilu kasenian eta ngajadikeun tari jaipong miboga gerakan-gerakan anu unik, basajan jeung energetik.

   Angklung nyata pakakas musik ti suku Sunda. Alat musik ieu dijieun tina awi sarta dicoo ku cara digoyang-goyang nepi ka ngahasilkeun sora ngageter dina urutan dua, tilu, nepi ka opat nada dina unggal ukuranana, boh nu ged boh nu leutik. Aya 4 rupa angklung nyaeta Angklung DogDog Lojor, Angklung Kanekes, Angklung Gubrag, jeung Angklung Padaeng.

   Jaipong di Purwakarta biasana di pintonkeun dina acara adat, festival, wisata kuliner (wiskul), jeung ngabagakeun smah dina hiji pernikahan. Nyakitu deui angklung biasana di pintonkeun dina upacara-upacara nu tangtu, upamana nyunatan.

   Tangtu wae ieu kasenian teh ku urang kudu di mekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku balarea sarta henteu leungit.




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline