Lihat ke Halaman Asli

Serat Kanggo Ketua DKM Masjid Agung Cianjur

Diperbarui: 18 Juni 2015   04:24

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Bahasa. Sumber ilustrasi: FREEPIK/Jcstudio

Ngaregepkeun pangaosan qobla jum’ah di Masjid Agung Cianjur, 4 dinten saatos lebaran 1435 H, dina juma’ah kamari ping 1 Agustus 2014, anu dicandakkeun ku Pangersa K.H. Rd. Abdul Halim, salaku Ketua MUI Kab. Cianjur, sakaligus oge Ketua DKM Masjid Agung Cianjur.

Dina bubuka pangaosan qobla jum’ah, Pangersa K.H. Rd. Abdul Halim, neda sihapunten sacara umum kaitan na sareng lebaran/Idul Fitri, oge sacara khusus ngeunaan prak-prakan Shalat sareng Khutbah Idul Fitri dina 4 dinten anu kalangkung, nyaeta dina dinten Senen, ping 28 Juli 2014. Utamina hal anu disorot, nyaeta perkawis sound system anu kirang nyugemakeun, sareng khutbah Idul Fitri anu didugikeun dina basa sunda.

Salajengna Pangersa K.H. Rd. Abdul Halim jangji yen hal anu atos kajantenan, nyaeta khutbah nganggo basa sunda, kanggo salajengna mah, moal dugi kajantenan deui. Engkin mah saurna, boh khutbah Idul Fitri, boh khutbah Idul Adha, sareng khutbah Jum’at, malihan oge pangaosan qobla Jum’at, diinstruksikeun supados nganggo bahasa nasional (B. Indonesia).

Khusus perkawis khutbah nganggo basa sunda, pikeun sim kuring pribadi mah asana henteu lepat. Malihan dina enggoning miara basa daerah sangkan henteu punah ku maju na jaman, justru pamendak sim kuring mah ieu sae pisan.

Ana pon aya anu protes sareng ngaraos kuciwa ku khutbah anu nganggo basa sunda, ku anehna biasana eta anu protes sareng ngritik teh biasana mah urang-urang sunda keneh. Taya lian teu gaduh kasadaran pikeun ngamumule basa daerah, atawa duka ngaraos minder sareng kirang terhormat saupami ngadangukeun khutbah anu dicandakkeun ku basa sunda.

Argumen yen dina pelaksanaan Shalat Idul Fitri, Shalat Idul Adha, sareng Juma’ahan, teu sadaya jama’ah na sanes urang cianjur anu ngartos kana basa sunda, sahingga peryogi nganggo basa Nasional sangkan tiasa kahartos ku sadaya jama’ah, numutkeun sim kuring, saupami ngemut kana asas proporsional, kirang keuna.

Sa seueur-seueurna jama’ah anu teu ngartos kana basa sunda, moal langkung ti 5 persen. Atuh naha anu 95 persen janten kedah ngelehan kanu ngan 5 persen? Ieu henteu salaras sareng asas proporsional. Benten sareng misalna upami di Bandung anu proporsi non sunda na tiasa dugi ka 30-40 persen. Bet di Bandung oge di Masjid Agung, sanaos khutbah na ku basa Nasional, ari pangaosan mah sok nganggo basa sunda bae.

Sakumaha pangersa K.H. Rd. Abdul Halim nguningakeun, yen kantos juma’ahan diantawisna di Jepang, sareng di Turki. Eta khutbahna saur pangersa teh ditarjamahkeun kana bahasa Nasional na, pami di Jepang kana basa Jepang, nu di Turki kana basa Turki. Pami ngiring kana paham, yen supados kahartos ku sadaya jama’ah, tangtos khutbah di Jepang sareng di Turki teh ulah nganggo basa Nasional na masing-masing, tapi kedah nganggo basa persatuan anu langkung ti tingkat nagara, nyaeta nganggo basa Arab, supados kahartos ku sadaya jama’ah anu ti luar jepang sareng Turki.

Justru nganggo asas proporsional, eta khutbah di Jepang sareng di Turki teh teu nganggo basa persatuan umat Islam nyaeta basa Arab, teu ngelehan ka jama’ah ti luar nagri Jepang sareng Turki, tapi tetep nganggo basa Nasional na masing-masing, ku margi ngemutkeun sacara proporsional yen jama’ah seuseueurna tangtos ti lebet nagri na, sahingga ngutamikeun ka jama’ah anu ti lebet nagri, daripada ti luar nagri na anu ngan sakedik.

Sim kuring calik di Bandung, ari pun bojo ti Cianjur. Sim kuring sok rajeun ngahaja ka Cianjur juma’ahan sakantenan silaturahmi ka mertua, sakirang-kirangna sakali dina mangsa tilu sasih sim kuring sok ngahaja juma’ahan ka Masjid Agung Cianjur. Naon anu janten marganing lantaran? Diantawisna sok resep kana khutbahna ku basa sunda, sapertos dina minggon ngawitan Ramadhan, harita Alhamdulillah ku kaleresan boh pangaosan qobla jum’ah na ku basa sunda dicandakkeun ku tatanggi sim kuring Ustadz Bukhori ti cikaret, oge khutbah Jum’ah na ku basa Sunda, asa atoh pisan sim kuring harita. Kumargi di kota mah jarang atuda ngadangu khutbah ku basa daerah teh.

Mun seug apal mah ti anggalna yen khutbah Idul Fitri kamari ku basa Sunda, sigana kuring kajeun maksakeun lebaran di Cianjur, tur Sholat Idul Fitri di Masjid Agung.

Oge hatur punten bawi raos ulah minder pami khutbah ku basa Sunda teh, bujeng hingga kitu, Prof. Ajip Rosjidi sawaktos diwuwuh gelar Doktor Honoris Causa ti UNPAD dina taun 2011, manten na Prof. Ajip Rosjidi samemeh diwuwuh gelar teh ngajukeun syarat, heug cenah kuring narima gelar Doktor HC teh, ngan menta orasi ilmiah na rek ku basa Sunda. Der we jadi tah orasi ilmiah na teh ku basa sunda, padahal guru-guru besar na teu sadaya urang sunda, oge tamu ondangan teu sadaya urang sunda.

Ku kituna, sim kuring ngusulkeun ka Pangersa K.H. Rd. Abdul Halim salaku Ketua DKM Masjid Agung Cianjur :

1.Dina pangaosan qobla jum’ah mah, komo pangaosan-pangaosan biasa, supados tetep wae nganggo basa sunda

2.Khutbah Idul Fitri, Idul Adha, sareng Khutbah Jum’ah, keun we ulah diwates kedah pakem ngagunakeun basa Nasional. Paparin kabebasan ka khatib ngeunaan basa anu dianggo pikeun khutbah. Saupami khatib bade ku basa Nasional keun wae, pon kitu deui pami khatib khutbah na ku basa sunda keun wae.

3.Memang leres jama’ah Masjid Agung Cianjur utamina dina Idul Fitri, Idul Adha, sareng Juma’ahan, henteu sadaya urang Cianjur. Sapertos sim kuring diantawisna, memang seueur nu ngahaja, naha bari amengan atawa bari silaturahmi ka wargi-wargi na, sakantenan bari ibadah ka Masjid Agung Cianjur. Tah diantawis jama’ah luar Cianjur teh, seueur oge anu dongkap ibadah ka Masjid Agung teh, hoyong mendakkan ka khas an daerah Cianjur, anu sesah atawa teu aya di tempat asalna, sapertos khutbah ku basa sunda.

4.Basa Sunda sanes basa kampungan, tapi basa warisan ti luluhur anu wajib dimumule. Naha ari urang deungeun ti luar nagri, kayaning ti Australia, ti Amerika, ti Jepang, oge ti sanes nagri, ngahaja sarakola di UNPAD di jurusan Sastra Sunda sabab hoyong tiasa basa sunda, sedengkeun urang, anu urang Sunda na kadang-kadang ngaraos isin atawa minder, malihan nyawad pami dina forum resmi ngagunakeun basa sunda, padahal dina forum ilmiah, basa Sunda remen digunakeun.

Sakitu anu kapihatur ka Pangersa K.H. Rd. Abdul Halim, Ketua DKM Masjid Agung Cianjur, muga agung cukup lumur, jembar sih hapunten na, tina kirang tata-titi duduga peryoga, sareng luhur saur bahe carekna.

Sanaos teu patepung raray pa amprok jonghok sareng teu patarema panangan nyambut panangan, namung sim kuring nyanggakeun salam pangbagea, mugia rohmat kawilujengan kanggo salira katut sadaya kulawarga, oge teu ka kakantunan sadaya rengrengan DKM Masjid Agung Cianjur.




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline